Saturday 11 January 2014

KUMPULAN CARPON BAHASA SUNDA


GIRIMIS TEU BAÉ RAAT
Ku Dian Héndrayana

Asa geus peuting pisan. Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum ngungun.
Ti peuting kamari kénéh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali Apa.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan,” omongna.
Emh.
Diteuteup deui, manéhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna téh. Éta baé, méméh girimis raat mah, bangunna cadu teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandéla geusan muru pangsaréan.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong baé aya nu ngagurilap sésa cimata nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can kénéh baé raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaréan. Tuluy ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé laju katangén, lebah juru panonna aya kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna téh bangun nu taya anggeusna. Tuda enya, saréréa gé taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar téh. Teu gering teu lungsé ieuh, Apa bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung balakécrakan  satutas sambéang Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka saréréa méméh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!
Diteuteup deui téh, adi kuring anteng baé mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya sasaha ari lain tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebéh buruan teu caang teuing gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng rumingkang.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu téh deuih. Ti saprak Apa mulih téa, Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban waktu Ema kudu waé bedah cimata. Tuga gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan. Malahan Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. “Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
 Sok rajeun katémbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar, walonna téh can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawaréh mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora séahna bet sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah keur bawaeun mulang…”
Ari dirérét, adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi…?” cenahna téh.
Disérangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep waé. Adi kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla. Leugeunna beuki pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé. Sakapeung témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manéhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
“Ku naon Apa teu disina lebet?” tuluyna téh.
Kari kuring nu bati hémeng. Disérangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka luar ti kamar bari tuluy nelenyeng muru panto hareup.
Basa dituturkeun gagancangan, bet srog téh horéng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti tatadi Ema ngajantengna téh. Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé gugurilapan katojo ku cahaya lampu ti tebéh buruan.
Sajongjongan mah anteng baé neuteup ka kuring.
“Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan segruk waé Ema muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.



Kareteg Hate

Cahaya bentang pating gurilap, bulan imut ngagelenyu ninggali kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak ceurik, angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa endah katempona, tapi kunaon hate kuring bet meuni asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun, kuring haying ngambek tapi teu bias, meureun kusabab kuring awewe jadi naluri kuring leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan pikiran kuring, naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu pasanggiri eta, teu pira ngan saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh. Leuheung lamun diulahkeunnana the mun  kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek di catwalk, kuring ge rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah pararusing, dug sek kuring ngarungkup dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….    
“Teh gugah atos siang” kadenge sora indung  kuring ngagero bari ngetrokan panto, kuring ngaleret  kana jam, “Aduh jam 05.00” kuring reuwas, henteu biasana kuring hudang sabeurang kieu kuring nangtung tur muka panto bari wegah mun kuring  keur teu solat jeung sakola mah mereun kuring moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha. Kuring kaluar ti kamar tungkul bari jamedud, “Cu, kunaon bageur meuni jamedud kitu?” pok bapa kuring nanya, kuring ngan saukur imut ngagelenyu bari wegah, “Neng geulis, ibu mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah sieun Neng kunanaon, apan Neng teh anak nu dipika deudeuh ku ibu sareng bapa jadi mataksieun lamun aya nanaon mangkaning Jogjakarta teh lain tempat anu deukeut”. Indung kuring ngadeukeutan bari ramisak ceurik, hal anu teu bias ku kuring ditempo teh nyaeta nempo ibu jeung bapa kuring ngaluarkeun cimata. Kuring nangkeup indung kuring tur pok ngomong “Ibu, Neng moal ngiring upami ibu sareng bapa teu ngawidian mah, hampura Neng tos salah paham ka ibu sareng bapa”. Kuring ngilu ceurik nginghak “Jung cu, jung bapa sareng ibu ngawidian demi kasuksesan Neng, doa ibu sareng bapa aya dina tiap langkah Neng”. Kuring bingah, kuring jangji moal ngecewakeun ibu sareng bapa, kuring pasti berjuang.
* *  *
Braaaak… kadenge aya nu ngebragkeun meja “Nisaaaaa….kerjakeun soal dihareup, ngalamun wae” kuring reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung hareupeun kuring bari melak cangkeng, kuring karek nyadar yen tadi kuring keur ulin ka hayalan jaman baheula basa kuring SMA, ayeuna kuring geus jadi panulis, 3 novel jeung 1 kumpulan carpon kuring geus di publikasikeun jeung meunang respon anu alus ti masarakat. Kuring Annisa, umur kuring ayeuna 20 taun, kuring kuliah di salah sahiji universitas di kota Bandung jurusan Sastra jeung Bahasa semester 4. “Nisaaa hayoh kahareup cicing wae !” dosen kuring ngambek, kuring buru-buru ngajawab bari tungkul sieun “Tapi pa, kuring teu acan paham” ayeuna dosen kuring ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas “Sok, saha anu arek ngabantuan Nisa ngerjakeun soal di hareup?” tantang dosen eta, jep sakabeh murid jempling “Kuring Pa” ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngaleret ka tukang wahh… saha eta  anu arek ngabela kuring, aya rasa atoh dina hate kuring sabab kuring aya nu ngabela. Sangges kajadian eta kuring jadi deukeut jeung jalma anu ngabelaan kuring kamari, jalma eta teh ngarana Sam, biasa di sebut kitu tapi ngaran aslina mah Samuel cenah.
          Jadwal kuliah geus beres, kuring buru-buru rek balik tapi pas rek kaluar gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede jadi kapaksa kuring ngiuhan heula, muga we hujanna sakeudueng, “Nisa…” kuring reuwas, aya anu nepak taktak kuring, “Eh” kuring ngereret “Ah, Sam geuning, aya naon?” kuring bingung nempo manehna aya didieu oge, “Gak apa-apa ko Sa he,he” manehna imut, aduh meuni lucu katinggalina, aduh kuring mikir naon sih, entong kitu Nisa hayoh istigfar. Sam lain asli urang Sunda, manehna katurunan Tionghoa jadi teu aneh lamun panonna rada sipit tur kulitna bodas, manehna can rada bentes ngomong sunda jadi bahasana sakapeung campuran, Indonesia jeung sunda. Kadenge sora adan ngumandang kuring niat arek solat heula bari nungguan hujan, “Eh Sam, punten Nisa bade awoh ashar heula nya ka masjid” kuring ngaleos ninggalkeun Sam anu katempona rada bingung ngartikeun omongan kuring bieu.
Di mesjid kampus
“Assalamualaikum wr.wb” astagfirullah, kuring ngajenghak reuwas pas salam kadua tanda beres solat pameunteu kuring pasangrok jeung pameunteuna Sam, aduh ti iraha budak ieu di dieu, ;’Haaah, Sam ngareureuwas” kuring ngagebug leungeunna “Sam terang timana Nisa aya di dieu? aduh make kadieu sih ieu budak pan ieu mah tempat khusus akhwat” kuring ngomong bari nyiwit pipina “Aduh Nisa sakit” ceuk manehna bari ngusap pipina nau di ciwit bieu ku kuring, kuring ngan bisa seuseurian nempo manehna nyerieun, ha,ha.. “Nisaa kamu lagi apa tadi? Ko pake baju putih kaya pocong aja, hi,hi” manehna nanya bari ngeleg “Ih Sam, (kuring jamedud) tadi kuring solat, solat teh ibadah anu wajib di laksanakeun ku sakabeh umat muslim, kin cerita lengkepna di jalan we nya isin di dieu mah seueur jalmi” kuring jeung Sam tuluy indit kaluar. Loba pisan pertanyaan anu di ajukeun ku manehna ka kuring soal agama, kuring malum da kuring jeung manehna mah beda agama, agama manehna mah keristen.
          Lila beuki lila kuring jadi deukeut jeung manehna, aya rasa anu beda dina hate Lmun kuring ninggali raray na, kuring bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu hoyang pisan lamun nempo manehna bagja. Kuring leumpang ka kelas bari ngabogaan rasa bagja, sabab rek papanggih jeung pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu kuring teu papanggih jeung manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di kelas, kuring lurat-leret ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di tutungguan teh, ah meureun can datang hate kuring ngabatin. Bet aya rasa karingrang ngarungkupan. Kaluar ti kelas, kuring buru-buru ka kost an, jarak ti tempat kuliah ka kost an kuring teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku leumpang. Rencana na ti kost an kuring rek neang Sam ka imah na, sieun aya kajadian nu teu dipikahayang nimpa ka manehna, das sms kuring teu di bales, telepon oge teu di angkat.
          Tok,tok,tok…“Punten” kuring ngetrok panto bari ngagero, kadenge panto dibuka “Iya, eh ini Neng Nisa ya? mari masuk” ceuk nu muka panto ramah, haaaah kuring reuwas, naha anjeunna nyaho yen kuring teh Nisa apan kuring  teu  acan pernah kadie, nyaho imahna ge  karek bieu ti babaturan kuring. “Oh muhun” kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah ringrang maratan langit, tuluy kuring asup bari olohok waah.. bener ieu teh imah Sam aduh gede pisan subhanallah kawas istana, “Neng Nisa silahkan duduk, sebentar bibi panggilkan dulu ibunya” oh jadi eta pembantuna, tapi dangdananna keren kos lain pembantu, tuluy pembantu eta indit. Teu kungsi lila, “Assalamualaikum” katinggali aya awewe saumuran indung kuring nangtung di hareupeun kuring “Waalaikumsalam” buru-buru kuring ngajawab “Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita tentang Nisa, katanya Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang sekali sama Nisa, kalau Nisa gimana sama Sam?” kuring reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah.. naha make kerudung apan keluargana Sam agamana keristen, kuring masih keneh bingung tur ngajawab “Muhun ibu, Nis age nyaah (jawab kuring bari lingsem) ehm, punten ibu upami Sam kamana atos 7 dinten teu lebet ka kuliah?” ngadenge pertanyaan eta indungna Sam cicing, wah aya naon ieu kuring sieun,rasa ringrang balik ngarungkupan kuring, aya naon? Sarebu tanya jeung kasieun minuhan pikiran kuring. “Nisa ayo ikut ibu, ada sesuatu yang mau ibu tunjukkan tapi ibu gak bias bilang sekarang” indung Sam langsung nangkeup kuring, kuring teu ngarti naon maksudna tuluy indungna pok ngomong “Terimakasih ya sayang” cimata langsung ngucur ti mata indung Sam. Sam? kamana anjeun?
          Sapaparat jalan kuring ngan bisa tungkul sabari maca kalimah kalimah zikir, sakapeung indungna Sam nyekel leungeun kuring tanda nenangkeun. “Nisa kita sudah sampai” kuring beunta tuluy luak lieuk kasakuriling tempat eta, naha indung Sam ngajak kuring ka pasantren kieu, kuring leumpang nuturkeun indungna Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji panto, bray panto eta di buka, kuring olohok kasengsem “Sam” bener anu diuk eta Sam? subhanallah kasep pisan, manehna make gamis jeung peci bodas meuni rapih katinggalna, “Nisa” indungna Sam ngagupayan ngajak diuk ka kuring tuluy indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu, manehna jeung kulawargana ayeuna geus islam, subhanallah kuring bingah kabina bina, saurna Sam berubah gara-gara kuring, Sam nyaah pisan ka kuring, kulawargana ge teu nentang basa Sam mutuskeun rek asup islam malah kulawargana ngilu asup islam.
          Di taman kawasan pasantren eta kuring leuleumpangan jeung Sam, aduh kuring teu kiceup kiceup nempo dirina subhanallah sababaraha kali kuring ngucap kalimah eta (aduh kuring meuni sungguh terlalu ha,ha) di tengah tengan jalan Sam  ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring, kuring asa risih di kitukeun ku manehna “Nisa ayeuna urang tos saagama, Nisa hoyong teu jadi bidadari anu maturan hirup Sam salilana dunia sarta aherat?” kuring lingsem tanda satuju.


Bulan Wanci Sareupna 
Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.
Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.
“Hayu atuh!” pokna.
“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.
“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”
“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha baé nu milu téh?”
“Loba. Geus taruluy batur mah!”
Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.
“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.
Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.
Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.
“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.
“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu atuh urang indit ayeuna!”
Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.
Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.

Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.
Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.
Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.
Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.
“Pa, rék kamana urang téh?”
“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?
Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.
Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.
“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.
“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.
“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.
Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?
Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.
“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.
“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”
“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.
“Pikiran baé ku sorangan!”
Lebeng. Henteu kapikir.
Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.
Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.
Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.
Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.

***
Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.
Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.
Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.
Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku naon Pa Olot?”
Henteu ngajawab.
Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.
Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.
“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.
“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.
“Saha anjeun?”
“Pangeusi ieu kapal!”
“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”
“Naha anjeun henteu milu ceurik?”
“Naon nu perlu diceungceurikan?”
“Itu geuning batur mah …”

“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”
“Kabéh aya nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup kuring?”
“Bisa jadi!”
“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.
“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.
Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …

ASIH TEU MIKAWANOH KASTA

Eneng nyaéta saurang awéwé anu lahir ti kulawarga anu henteu sanggup. Saprak leutik, manéhna geus ngarasakeun paitna kahirupan kalayan ngan mengenyam atikan nepi ka kelas 4 SD waé. Minangka anak pangkolotna, Eneng ngarasa ngabogaan tanggung jawab pikeun mantuan kolotna membesarkan adik-adiknya anu berjumlah 3 jelema. Leuwih saprak bapana maot alatan kacilakaan waktu manéhna berumur 11 warsih. Saprak leutik, Eneng geus ngalakonan loba hal pikeun bisa meunangkeun duit sanajan henteu sabaraha. Tapi, ti duit anu manéhna dapatkan kasebut bisa dipaké pikeun meuli béas sarta kaperluan hirup anu séjénna. Indungna ogé henteu éléh ulet, naon waé dipigawé demi sesuap sangu. Ibu sok bangun isuk-isuk - isuk-isuk saterusna nyieun gorengan sarta sangu uduk. Jam satengah 6 mimitian indit kuriling kampung menjajakan dagangan. Anyar saterusna jam 10 isuk-isuk balik ka imah sarta mimitian ngadatangan imah - imah anu ngagunakeun jasana pikeun kukumbah sarta menyetrika. Aya 4 imah anu ngamangpaatkeun jasa Ibu Eneng. Ucul Asar anyar Ibu Eneng balik ka imah.
Waktu Eneng umurna 18th, manéhna megatkeun pikeun indit ka Jakarta babarengan Dedeh. Dedeh nyaéta réncang Eneng ulin saprak leutik anu geus leuwih tiheula digawé di Jakarta minangka PRT. Kalayan mawa bekel saayana, Eneng ogé indit ka Jakarta dipirig ku segruk ceurik ibu sarta adi - adina. Sesampainya di Jakarta, Eneng digawé di imah Ibu Joyo. Ibu Joyo nyaéta saurang randa tanpa anak. Salaki bu Joyo maot alatan serangan jantung 2 warsih anu tuluy. Alatan geus biasa hirup prihatin saprak leutik sarta getol digawé, Eneng ogé dinyaah sarta diperlakukan ku bu Joyo kawas meujeuhnana anakna sorangan. Komo Eneng diikutkan sawatara kursus mimitian ti masak, ngaput, nepi ka merias. Sanajan henteu mengenyam atikan anu luhur, Eneng tergolong calakan ku kituna bisa kalayan gampang nyerepan kabéh materi kursus.
Kahirupan Eneng ogé robah. Luhur bantuan modal ti bu Joyo, manéhna bisa muka catering, rias pengantin sarta modiste. Duit anu dikirim ka kampung ogé beuki loba jumlahna ku kituna kahirupan ibu sarta adi - adina di kampung jadi leuwih alus. Hiji poé, Eneng papanggih jeung Ujang, saurang nu boga pausahaan konveksi anu hayang bermitra kalayan modeiste milik Eneng. Pamustunganana benang - benang cintapun terjalin diantara maranéhanana. Bu Joyo geus merestui hubungan maranéhanana. Dina waktu liburan ahir minggu, Eneng sarta Ujang indit ka kampung Eneng. Diditu Eneng ngawanohkeun Ujang ka ibu sarta ogé adik-adiknya. Waktu éta ogé Ujang melamar Eneng di hareupeun ibu Eneng. Henteu perlu nungguan lila, 6 bulan saterusna maranéhanana melangsungkan pernikahan kalayan dihadiran jelema - jelema pangdeukeutna. Eneng memboyong ibu sarta adik-adiknya ka dayeuh pikeun cicing di imah maranéhanana anu anyar sarta maranéhanana kabéh ogé hirup berbahagia.

 

KANG SABRI LEUNGITEUN KALANGKANG
Poe Saptu isuk isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti meresihan motor, meresihan jeket, jeung bebekelan, enya mawa timbel.
Poe ieu poe Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok loba nu baralik ka lemburna.
“Akang kahade anteurkeun heula si Sujang ka sakola…”
“Heug….geus mandi encan si Sujangna..?”
“Enggeus,….keur dibaju heula…!”
Satengah tujuh, Kang Sabri geus ngadius, bari ngabonceng anakna, rek dianteur heula ka sakola.
“Balikna mah leumpang we Sujang, tong hayang dijemput sagala, pan ieu teh pos Saptu sok marema ojeg teh.”
Si Sujang unggeuk.
Enyaan we marema ojeg teh, nepi ka jam 10 teh Kang Sabri geus narik opat balikan, malah aya nu rada onjoy sagala da menta di tarik ka Sawah Gede, teu wudu mayarna rada gede.
Kira kira keur poe manceran, aya budak awewe nu menta dianteurkeun, teu loba tatanya deui Kang Sabri langsung nyanggupan, motor dihirupan, budak awewe diuk di tukang, geuleuyeung motor indit.
Palebah jalan anu lenglang, budak awewe ngagerewek, hayang eureun.
“Eureun Kang,…kuring mah rek turun didieu we,….”
Puguh we Kang Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor meh mehan ngagaleong.
“Kunaon Nyai….kapan jauh keneh….”
“Embung ….kuring mah kajeun leumpang we….”
“Naha Nyai…?”
Si Nyai bibirigidigan, bari nunjuk kana motor.
“Eta…motor…jeung awak akang euweuh kalangkangan…”
Astagfirullah……Kang Sabri sababaraha kali istigfar, bari jeung rurat reret kana motor jeung awakna, enya geuning dirina teh euweuh kalangkangan, padahal harita panas poe ereng erengan.
Sajongjongan Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu ucap salemek lemek acan.
Si Nyai anu tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah siga nu lumpat duka teuing sieuneun duka teuing kumaha pikiranana.
Awak Kang Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat nangtung, manehna ngalungsar sisi jalan, atuh motor tetep ngabagug, pikiran baluweng naha bet kieu.
Geus rada leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep alak ilik kana dirina, teu poho nyabakan motor, enya euweuh kalangkangan.
Lahlahan motor dihirupkeun deui, hirup saperti biasa, euweuh kakuranganana, terus ditumpakan, ngadius balik deui, bari nyemprung tumpak motor pikiran uleng naha, kunaon ieu teh….., leong motor dipengkolkeun ka sakola si Sujang, sugan geus bubar sakolana, sakalian rek dijemput.
Enya barang nepi ka buruan sakola si Sujang keur leumpang, bari cacamuilan ngadahar cilok,…” Sujang…buru buru naek, urang balik…”
Si Sujang atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana pangboncengan, motor ngadius balik ka imah, sajajalan Kang Sabri teu weleh rurat reret ka jalan ningalian kalangkang, heueuh nu kaciri teh ngan kalangkang awak si Sujang siga nu ngadaplok teu puguh , dina hatena Kang Sabri sababaraha kali istigfar, paingan si Nyai nu tadi dianteurkeun ngajleng embung dibonceng, da enya ningali kitu mah bet asa ningnang.
Sanepina ka imah, kang Sabri neundeun motor dinu iuh, dipipir imah, atuh manehna langsung asup ka enggon, ngabebengkang awak nangkarak bari panon ngaherang. Ti pipir imah kadenge pamajikanana ngagorowok…” Naha Sujang wayah kieu geus balik..?”,
“Har …kapan tereh da di jemput ku bapa…!”
“Kutan, maneh di jemput ku bapa, na bapa na kamana ayeuna..?”
“Aya di jero…”
Ningali Kang Sabri nu ngabebengkang kitu, puguh we pamajikanana reuwaseun.
“Kunaon kang…gering..?”
“Hemh..” ukur kitu kang Sabri ngawarona.
Teu lila ti harita Kang Sabri nguniang hudang “ Nyi..Akang deuk ka Pa Mantri heula…”
“Deuk ka Pa Mantri wayah kieu….wayah kieu mah di Puskesmas keneh atuh…., ku naon kang gering..?”, bari ngomong kitu teh leungeuna ngaragamang kana tarang kang Sabri, nyampa bisi panas.
“Ah henteu,…ngan ieu awak asa lalungse..!” bari dug ngedeng deui.
“ Ngopi atuh…!”
“ Heueuh pang nyieunkeun atuh….”
Pamajikanana ngaleos kadapur…” make gula kawung atawa gula bodas kang…?”
“Gula bodas we….ambih nyerep amisna..!”
Bari ngararasakeun ngeunahna cikopi, Kang Sabri uleng mikiran naha bet aing teu boga kalangkang, da rarasaanana mah euweuh nu karasa, boh rieut, boh pegel linu atawa naon we nu kasebutna gering, awak jagjag waringkas atuh pipikiran teu teu owah, ieu ge yeuh cai kopi rasana sarua jeung cai kopi nu karasa kamari, atuh sora budak, sora si Sujang sarua siga kamari teu beda dedengean, hiliwirna angin tina jandela karasana sarua matak seger kana awak, atuh tetenjoan kitu keneh.
Beak cikopi sagelas karasa awak leuwih seger, Kang Sabri cengkat, alak ilik kana beker, leuh lohor meh ahir, gura giru ka cai, teu ka pancuran siga biasana, wudu ukur dupipir caina tina kele, karasa tiis nyecep.
Sholat kalawan husu, ati gembleng pasrah ka Mantena, teu daya teu upaya anging Allah nu kawasa, nyanggakeun kana kersaNa.
“Kang geura dahar atuh….bisi geringna katutuluyan….” ceuk pamajikanana ti dapur.
Di dapur dahareun geus nyampak, indungna si Sujang kaprak keprek keur ngakeul sangu, dina piring kaciri aya pais lele kaambeu melenghir seungit surawungna, dahar teu pati mirasa, biasana mah ari aya pais lele teh meh mehan parebut jeung si Sujang, da pangabeuki nurun ka bapa, sarua segutna kana pais lele teh.
“Geuning ancin kang…?”
Kang Sabri teu ngajawab, sanggeus kokocok leungeun anggur melenyun udud.
“Tuh timbel nu tadi ge aya keneh dina motor, can kacabak…”
Ceuk gerentes hatena …naha aing mending ngomong ka indungna si Sujang kitu, naha rek percayaeun manehna, ma enya ku aing kudu dituyun ka hareupeun imah ngadon papanasan, naha moal matak ear….beu…….
Beak roko sabatang manehna ngagoledag deui.
“Ari si Sujang kamana…?”
“Cikeneh mah aya…!”
“Cik geroan sina kadieu pang meulikeun roko kituh…”
“Sujang…kadieu, ieu bapa pang meulikeun roko…”
Sabenerna mah lain hayang hayang teuing dipangmeulikeun roko, nu puguh mah hayang nyaho naha si Sujang nyahoeun atawa henteu yen awak jeung motor manehna euweuh kalangkangan.
“Roko naon bapa jeung kaman meulina..?”
“Roko keretek, ka warung Ua maneh..”
“Sujang…ari maneh geus bisa kana motor…?”
Ditanya kitu teh si Sujang ukur ngaheheh.
“Eta tuda tadi waktu di bonceng mani sakitu tipepereketna, ke geus gede maneh kudu bisa, sahenteuna bisa nalangan bapa, bisi bapa gering, ari tadi basa dibonceng teh genah…?”
“ Nya genah atuh Pa….ngararasakeun angin kana ceuli..ngahiuk,….”
“Eta sugan teu rarat reret kana taneuh, titincakeun ban…”
“Henteu..peureum we da…”
“Heueuh atuh…ngan lamun geus gede heug mawa motor, kahade kudu ningali jalan titincakan, jeung ulah peureum…bisi ngagaleong.”
Alhamdulillah, si Sujang teu nyahoeun, gerentes hatena.
Sholat asar jeung sholat magrib teh husu pisan, make jeung ngaberebey cimata sagala, atuh ngadoa ge mani lila, anu biasana mah cong cong leos tea, harita mah kabeh sagala doa nu apal digerenteskeun.
Bada magrib leos indit ka imahna Pa Mantri, niat teh hayang dipariksa we bisi aya nu aneh dina awak, sugan ari ku mantri kasehatan mah kapanggih sabab sababna, rek balaka we, tibatan jadi bangbaluh, da geus puguh ari ukur dipikiran ku sorangan mah euweuh hasilna.
Jrut turun ti imah teh make ngucap bismilah heula nu kacida tartibna, atuh sapanajang jalan anu geus mimiti poek babacaan sabisa bisa.
Kabeneran Pa Mantri keur aya, malah kacirina mah kakara jol, da siga can ucul ucul, masih keneh make pakean saragem.
“Aya naon Jang Sabri,…asa sisinarieun ieu teh…” kitu teh bari sur sor silih asongkeun leungeun sasalaman, dina korsi sareretan Kang Sobri ningali kalangkang leungeun sorangan, ngan can pati bleg kalangkang aya riak riak siga kalangkang kaca, ter hatena ngageter, degdegan.
“Nu mawi ieu teh hoyong diparios, ieu awak asa lalungse, sareng…ieu dada asa gegeberan…”
Pa Mantri mariksa kalawan taliti.
“Ah teu nanaon geuning,…..ari mawa ojeg teh kudu make jeket anu kandel, komo mun jalan peuting mah, bisi asup angin, jeung bisi dada karancang…naon geuning disebutna teh paru paru basah….”
Kang Sabri unggut unggutan, dijero hatena mulek, naha kudu balaka, atawa entong,…ah teu, teu kudu balaka, kapan bieu ge geus kaciri kalangkang aing teh geus aya sok sanajan kakara kelemengna, siga kalangkang kaca.
“Tah bawa we obat ieu..” ceuk Pa Mantri bari mere sababaraha siki pel.
“Obat naon Bapa ieu teh,..?”
“Vitamin eta mah, ambih awak jagjag…!”
Sanggeus babayar Kang Sabri amitan, teu poho uluk salam bari sasalaman, panona ngareret kana kalangkang, enya aya ngan tetep siga kalangkang kaca.
Sigana Pa Mantri teu nelek nelek kalangkang, da teu openan, anggur kalahka kaprak keprek mereskeun tas wadah obat.
Palebah pengkolan jalan muru balik ka imah, kadenge adzan isya, Kang Sabri teu terus mulang tapi mengkol ka masjid, dina hatena bari sakalian rek manggihan Mama Jarkasih, geus lila tara munjungan.
Datang ka masjid pas keur komat, ngahaja asup teh dina sap kadua, salila sholat, ati manteng ka Mantena, surat Alfatihah nu dibaca ku Mama Jarkasih, karasa nyerep, dina sujud ka dua dina rakaat ahir, rada lila manteng ngadu’a.
Sanggeus nu sejen nungtutan baralik ka imahna sewang sewangan, Kang Sabri ngadeukeutan Mama Jarkasih, bari nyolongkrong ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman, kang Sabri ngareret kalangkang leungeunna geus sabihari deui, bakating ku atoh langsung nubruk ka Mama Jarkasih, ngeukeuweuk pananganana, bari jeung reumbay cimata, ceurik ngagukguk. Puguh we Mama Jarkasih siga nu reuwaseun ningali kalakuan Kang Sabri kitu teh
“ Ke ke…kunaon Jang Sabri teh…Mama mah asa rareuwas ieu teh..!?”
Kang Sabri teu balaka, naon nu sabenerna nu jadi bangbaluh hate, harita nu kedal rumasa lur jeun ka kasepuhan, geus puguh ari ka kolot sorangan mah da geus teu aya dikieuna duanana.
Sare teh peuting ieu mah teu tibra, Kang Sabri guling gasahan, lamun seug kabeh salembur nyarahoeun, yen kalangkangna euweuh, beu pimanaeun earna, pimanaeun matak helokna, sok sanajan sabenerna ngarasa teu kaganggu, da awak mah cageur, beleger, atuh pipikiran asana teh sarua teu kaganggu.
Isuk isuk, satutas solat subuh, Kang Sabri ngahaja neger negerkeun awak ngadon kikiplik siga nu olah raga ngabatek awak, nu puguh mah ngadagoan panon poe, hayang geura jentre ningali kalangkang. Panon poe meletek ti beulah wetan ngempur cahayana, ting buricak tina sela sela daun nu keur reumisan keneh, Kang Sabri muru kanu lega bari tetep ulak ilik ningalian kalangkang….”Alhamdulillah…aya geuning kalangkang teh jeung jentre ayeuna mah…”
Ti lebak kadenge motor ngadudud, sihoreng baturna sasama tukang ojeg.
“Bri…kamari teh basa kuring nganteur panumpang ka lembur peuntas, di ditu aya budak awewe keur hariweusweus majarkeun aya tukang ojeg euweuh kalangkangan, waktu ditanya saha sahana, eta budak teh ngan teu nyahoeun ngaranna ngan lamun disaruakeun jeung dedeg pangadegna mah sigana didinya…”
Kang Sabri nempas…” Lah…lahuta teuing moal enya aya jalma euweuh kalangkangan sagala,…tuh tingali apan sakitu jentrena, panjang deuih, engke lamun tengah poe keur ereng erengan kalangkang kuring jadi mondokan…” kitu teh bari nunjuk kana kalangkangna sorangan.


Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Anu Judulna Onyet.
Carpon : ONYET
Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu olah raga.
Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét téh.
Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.
Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.


Carpon : SI GATOT
Ku : MAMAT SASMITA
Ngaranna Sanusi, nénéhna Usi. Ngaran basajan, lain ngaran éxtra ordinary. Umurna kakara opat taun. Sapopoé sok buligir, tara dicalana-calana acan. Awakna seseg rada bucitreuk. Dahar rewog. Sagala bres. Komo mun dibéré sampeu manéhot, sampeu nu semu konéng, mun diseupan semu beukah, matak uruy. Dahar sampeu manéhot bari sila andekak, buligir, nyocolan sambel goang, seuhah, késang renung dina tarang.
Usi tara kacaturkeun kungsi gering, paling ukur ngingsreuk kitu gé tara lila. Mun hujan, boh hujan leutik boh hujan gedé kudu wé huhujanan di buruan bari nyoo leutak. Saré dimana dugna. Tetep buligir. Teu betah pisan disimbutan. Kulit sukuna, palebah bitis luarna, mani kandel. Kandel nanding kulit sapi, bakating mindeng digembrong dicoco reungit. Dicoco reungit mah sigana geus teu karasa, komo bangsa bentol ku hileud mah tara kacaturkeun pisan.
Ulin idek liher di buruan. Keur mah ongkoh imahna Usi téh aya di sisi kebon, jeung deuih ari di pasisian mah, di Cibogo Tonggoh, imah téh ancal-ancalan. Anggang jeung tatangga.
Lanceuk-lanceukna geus rada gedé, Usi mah tara dibabawa ulin, da dianggapna leutik kénéh.
Bapana Usi, sapopoéna tatanén. Boga sawah jeung kebon. Nu di sawahan mah teu pati lega, asal hasilna cukup keur dahar sapopoé. Panghasilan nu rada munel tina kebon. Di kebon melak sampeu, hui, taleus jeung sayuran. Bubuahan gé loba, sabangsaning jambu batu, nangka, alpuket, nu kawilang loba téh salak. Salakna sok disebut masir, cenah mah mun didahar karasa siga keusik jaba amis deuih, haseum saeutik, matak seger karasana. Siga salak Bali.
Usi sapopoéna sok diasuh ku ninina, komo mun emana Usi keur ka sawah.
Hiji waktu Usi dicalukan ku ninina
“Ujang kadieu, ieu nini méré anak hayam. Diurus nya sing hadé nya,” kitu cék ninina bari mikeun anak hayam sagedé peureup kolot.
Usi atoheunana dibéré anak hayam téh, ajrag-ajragan jeung émprak.
“Ieu mah bakal jadi hayam jago” cék ninina “Geura tingali” anak hayam dicekel, tuluy sela pingpingna digesek ku dampal leungeun. Enya wé hulu hayam téh ujug-ujug ngeluk siga rék kongkorongok.
Usi resepeun, seuri nyeuleukeuteuk ningali hayam ngeluk siga rék kongkorongok téh.
“Ari indungna kamana, nini?” cék Usi.
“Duka teuing ku careuh duka teuing ku heulang, ieu anakna nu salamet, ngan hiji”.
Usi ngahuleng. Tuluy Usi mawa anak hayam ka kebon, dipangoréhkeun kahakanan tina runtah.
Usi getén ngurus anak hayam. Unggal poé dibawa ulin ka kebon atawa ka sawah, dipangoréhkeun rinyuh, cacing jeung kadaharan sésa. Ari saré kudu bareng jeung anak hayam, puguh wé indungna ngambek, Usi keukeuh, tungtungna ku bapana Usi, anak hayam téh diwadahan kana tingkem, diteundeun gigireun Usi. Hayam morontod téréh ngagedéan, lantaran alus parab.
“Ujang urang béré ngaran hayam téh nya” cék ninina.
“Naon nini ngaranna?”
“Si Gatot wé nya”.
“Naha dibéré ngaran Si Gatot, nini?” cék Usi bari neuteup mureleng ka ninina.
“Engke ku nini dipangdongéngkeun pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot. Ayeuna mah urang mandi heula, bisi kaburu soré”.
Usi jigrah. Usi ngingkig leumpang ka pancuran, rék mandi. Dituturkeun ku ninina.
Pasosoré, di tepas, bari ngadagoan magrib, ninina Usi ngadongéng pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot.
Paralak ninina Usi ngadongéngkeun carita wayang, kulawarga Pandawa jeung anak-anakna. Dongéngna dijojoan. Salah saurang anakna Bima nyaéta Gatotkaca.
“Tah tina ngaran Gatotkaca ieu ngaran hayam disebut Si Gatot. Gatotkaca téh awakna gagah, kasép, kumisan, beungeut semu beureum, bebenteng keur ngabéla bebeneran, nyaah ka rahayat” kitu cék ninina Usi.
“Geura tingali beungeut hayam ku Ujang, pan rada beureum, jékrém, kasép, siga Gatotkaca, najan hayamna leutik kénéh, komo engké mun hayamna geus gedé mah”
Usi nelek-nelek beungeut hayam.
“Gatotkaca téh gagah sakti, bisa ngapung, anyaclang dina méga malang. Tulangna tina beusi, uratna tina kawat. Tanaga bedas pilih tanding. Bisa ngadéngé najan aya nu ngaharewos ti kajauhan. Bisa ningali najan nu ditingalina jauh pisan. Gatotkaca boga dulur sabapa nyaéta Jakatawang jeung Antareja. Jakatawang nu ngawasa laut. Antareja nu ngawasa taneuh. Jeung dulur silih wangikeun, silih hormat jeung silih bantuan. Silih asih, silih asah jeung silih asuh téh enyaan lain bobohongan”
Lalakon Gatotkaca remen pisan didongengkeun ku ninina Usi, duka teuing leunjeuran caritana mah bener atawa henteuna. Ngan nu mindeng kadéngé ku Usi, Gatotkaca téh pahlawan nagara nu ngabéla bebeneran, jujur jeung nyaah ka rahayat, nyaah ka Si Cepot, Dawala jeung Garéng.
“Matakna, Ujang gé jeung dulur jeung babaturan téh kudu silih hormat, ulah papaséaan, ulah parebut cocooan, ulah silih herengan, ka babaturan kitu deui.”
Usi ngahuleng, da tara parebut cocooan, malah lanceukna Usi sok mangnyieunkeun momobilan tina kulit jeruk bali.
Ti harita hayam dilandi Si Gatot jeung deuih hayamna gé siga nu ngarti mun digeroan Gatot téh sok néléndén. Hayam jago lindeuk ka Usi. Hayam jago linghas ka batur bari sok macok sok ngabintih. Hayam jago carambang bulu bodas totol beureum.
Basa si Gatot keur jajangkar, umur Usi lima taun. Usi tara taranjang deui. Pokna éra ku Si Gatot, apan awakna luis ku bulu. Éra ku Gatotkaca najan Gatotkaca wayang tina kai, tapi maké baju. Mun Usi maké baju, kaciri kéwes pantes, buuk mindeng digolep.
Basa si Gatot geus déwasa, Usi kakara asup sakola dasar.
Si Gatot geus kawentar sakampung Cibogo Tonggoh, hayam jago euweuh nu ngéléhkeun.
Usi sakolana soson-soson. Harepan aya dina dada, brajawisésa. Harepan aya dina panon, dina ceuli, saptapangrungu. Harepan aya dina dampal leungeun, brajamusti bajingakiri. Harepan aya dina tuur, brjadenta brajawikalpa. Harepan aya dina dampal suku, tapaknanggala. Usi hayang siga Gatotkaca, hayang siga si Gatot nu gedé kawani.
Usi kungsi nyaksian Si Gatot ragot jeung heulang, basa sawah rengsé panén. Ka sawah nu geus panén loba hayam ngoréhan jarami néangan bangsal, si Gatot kokotak tarik bari sisirintil, sigana ngabéjaan di langit aya heulang. Hayam nu keur anakan ribut, pahibut nyumput, anak hayam tingcariak, lalumpat nyumput dina handapeun jangjang indungna. Si Gatot nyebrut, awakna méh ngapung, guprak nubruk heulang nu nyoloyong rék ngaranggeum hayam. Heulang ngajengkang, Si Gatot ngagarapak bari ngabintih, heulang ngadaligdeu, tayohna reuwas teu nyangka rék aya nu nubruk. Heulang jaya di awang-awang, dina taneuh ukur mébérkeun jangjang. Usi muru bari mawa pangilang dituturkeun ku indungna nu keur moé paré. Heulang hiber dibaledog leutak ku indungna Usi. Si Gatot kokotak ramé, Usi ngilu sisirintil ngudag heulang nu geus mumbul ka luhur.
Si Gatot jadi sabiwir hiji, wani ngalawan heulang, Usi beukah irungna asana dirina nu dipuji. Enyaan Si Gatot gedé kawani. Usi tambah kanyaah, Si Gatot mindeng diogo, diparab ku cacing kalung, diparab kuuk, diparab jangkrik, geus puguh ku béas atawa paré mah.
Kungsi aya jelema nu ngocal-ngocal nawar Si Gatot, pédah kawentar hayam jago nu tara éléh diadu. Gantawang téh Usi nyarékan laklakdasar, majarkeun kolot euweuh gawé, tukang ngadu hayam mah di ahératna gé bakal diadukeun siga hayam. Indungna Usi sanduk-sanduk ménta dihampura ka tamu “Ujang éta teu kenging kitu ka tamu,” pokna. Usi mah tetep wé nyarékan bari jeung malédog sagala, “Wah kolot teu uyahan ema, tukang ngadu hayam,” cek Usi. Tamu téh mengpéos bari kuram kireum. Sanggeus tamu euweuh, Usi digelendut ku indungna, dipapagahan ulah kitu peta ka tamu.
Usi némbalan:”Ema, éta téh tukang ngadu hayam, bumina caket sakola, karunya ningal hayam ngan dikurungan wé saendeng-endeng, sok diadukeun di pengkereun bumina.” Indungna Usi teu majar kumaha, “Ari éta ujang terang ti mana, di ahérat tukang ngadu hayam mah sok diadukeun siga hayam?”
Usi ngajawab:”Kapan dongéng bapa, ramé ma ari bapa ngadongéng téh.” Indungna ukur unggut-unggutan.
Enya, da jaman harita mah jaman keur werit, nu boga radio gé ukur hiji dua, komo télévisi mah ukur béja. Nu disebut hiburan téh euweuh deui iwal ti ngadéngékeun indung bapa atawa ninina ngadongéng. Bapana Usi mindeng ngawih bari maca wawacan Purnama Alam. Indungna sok nyaritakeun para sahabat nabi. Ari ninina mah mindeng ngadongeng wayang. Nu napel dina ingetan Usi tina dongéng bapana nyaéta Ratna Suminar, wanoja gedé kawani nu nyekel pageuh kana tetekon bebeneran, najan kalan-kalan barangasan tapi ajrih ka Déwi Pramanik. Ari tina dongéng indungna nu napel dina ingetan Usi téh nyaéta carita hiji indung katalangsara nu ngulub batu keur ngabobodo anakna ulah ngaéh ceurik baé lantaran kalaparan, ambéh disangka keur nyangu, nepi ka pangkat Halifah gé daék manggul béas. Dongéng ninina nu nepal dina ingetan Usi téh nyaéta dongéng Gatotkaca nu lébér wawanén ngabéla nagara.
Usi junun sakolana, boga cita-cita hayang ngabéla nagara siga Gatotkaca, hayang lébér wawanén siga Ratna Suminar, hayang gedé kanyaah ka sasama, ka rahayat siga Sayidina Umar. Ku babaturanana remen dilandi Si Gatot. Maké baju tetep rapih, buuk tetep digolep.
Taun 2011 Sanusi keur jeneng, jadi walikota. Malah jenengna periode kadua lantaran kapaké jeung kapilih ku rahayat. Mindeng ngurilingan kota, teu pati ngarasa kumaha macétna patalimarga da mun indit-inditan teu weléh dikawal maké sirine. Mindeng ulin ka pasar tradisional jejeblogan maké sendal capit, make calana sontog. Mindeng ngilu ngarawu runtah nu bacacar di sisi jalan. Mindeng ngilu sasapu hareupeun balé kota. Mindeng milu sasapu di unggal taman nu aya di kota. Mindeng meuli rujak bebek di sisi jalan. Mindeng niup suling jeung nu ngamén, mindeng ocon jeung nu maén dogér monyét di parapatan jalan. Mindeng ngilu meresihan WC umum di terminal beus.
Sanusi, ayeuna mah tara aya nu nyebut Usi, keur ngabaheuhay dina korsi males di tepas hareup imahna, poé peré ayeuna mah euweuh acara nu kudu didatangan, éstu hayang cicing di imah, ngareureuhkeun palay. Éstu hayang ngaraga meneng, cicing di imah ngararasakeun betahna hirup. Angin ngahiliwir nebak daun tangkal samolo, najan keur usum halodo, keur hareudang bayeungyang, di imahna karasa nyecep tiis da liuh ku tatangkalan. Kurunyung nu pikét jaga di gerbang hareup datang, mikeun surat-surat. Surat-surat téh satumpukan, aya ti yayasan, aya ti LSM, aya ti organisasi pangajian, aya ti DKM, aya ti partey politik. Geus kajudi eusina, mun ti yayasan pasti eusina proposal, mun ti LSM pasti nyabit kakurangan gawe, mun ti organisasi pangajian pasti hayang dihadiran, mun ti DKM biasana hal ngawangun masjid. Aya surat nu rada béda, nu ieu mah sigana ti pribadi, surat téh méh-méhan teu dibuka, da biasana nu model kitu téh surat kaleng, nu eusina ngalaporkeun bawahanana nu basilat, nu teu waras gawe atawa ngalaporkeun nu salingkuh atawa nu kumpul kebo.
Amplop surat disoéhkeun, da dirapet pageuh. Surat téh panjang, aya kana opat kacana ukuran folio nu aya guratna. Tulisanana meunang nulis ku leungeun lain meunang ngetik ku komputer, gurat tulisanana ipis kandel. Nandakeun nu nulisna ti sakolaan jaman baheula, nulisna sigana lain maké bolpoin, tapi maké pulpén mangsi, mun henteu ku kalam gé. Rapih, sigana nulisna diapik-apik, atawa kitu wé meureun tulisan kaluaran sakola baheula mah, alus. Basana basa loma, lain basa lemes. Bubukana mah biasa wé maké salam tuluy aya kecap mugi aya dina kawilujengan. Nu ngagebeg éta nyebut Sanusi téh ku Gatot. Cenah ngahaja nulis Gatot téh ambéh inget deui kana cita-cita baheula hayang boga ketak siga Gatotkaca dina ngabéla nagara, ambéh inget deui kana dongéng Sayidina Umar r.a nu manggul gandum lantaran aya rahayatna nu katalangsara nepi ka ngulub batu. Ambéh inget deui kana ketak Ratna Suminar nu ajrih ka Déwi Pramanik. Enyaan nulisna téh ku basa loma da nepi ka aya kecap kieu : “Gatot, uing mah lain teu satuju ilaing meresihan WC di terminal beus, kacipta pangkat walikota ngagosrék nyikat WC, kahadé eta gawe teh bisi ukur pupujieun, ambeh katangar hayang kapake ku rahayat nu bakal milih. Padahal masih loba keneh nu leuwih penting nu kudu dipigawe ku walikota, nyaeta meresihan tina panyakit korupsi.” Cék eusi surat deui “Uing mah hayang ngadéngé ilaing ngomong di hareupeun balaréa yen di kota ieu beresih tina korupsi, terus aya kasanggupan mun aya bawahan nu korupsi, ilaing sanggup mundur, sanggup eureun tina kalungguhan walikota, kapan bawahan mah tara salah, nu salah mah nu mingpinna.”
Sanusi ngahuleng salila-lila, na saha nu ngirim surat téh? Dina pikiranana nataan hiji-hiji sakabéh dulurna nu nyaho perkara Si Gatot, hayam jago inguanana. Asa euweuh dulurna nu bakal nyieun surat siga kitu. Boa-boa babaturanana jaman keur sakola dasar baheula kitu? Bisa jadi. Sanusi ngilikan alamat nu ngirim surat. Aya ngaran jeung alamatna mah, tapi da teu wawuh ka ngaran éta. Sanusi nimbang-nimbang, naha perlu atawa henteu disusud, cék pikirna teu perlu disusud, teu perlu ditaléngténg saha-sahana.
Surat dibaca deui, dijojoan.
“Meungpeung jeneng kénéh, kudu hadé gawé. Nu disebut hadé gawé….ah didinya gé meureun ngarti naon nu disebut hadé gawé téh. Tapi sahenteuna nilik hadé gawé téh lain cék sorangan, tapi kudu cék batur, cék rahayat. Uing embung boga walikota mun geus eureun tina kalungguhanana (di dinya mah moal dipilih deui da geus dua kali lin?), tuluy dikerewed dititah saré di hotél pordéo, dibui, dititah milang jariji beusi alatan basilat. Beu matak éar jeung matak éra rahayat sakota, anak pamajikan bakal meungpeun saendeng-endeng, dulur-dulur ngaharintul, indung bapa nandang wirang.”
Di bagian handap surat kabaca:”Hampura lur, uing mah nulis surat téh bakating ku nyaah wé, uing gé mindeng dipapatahan ku kolot keur budak, atuh geus kolot mindeng mapatahan ka anak sangkan hirup junun, sangkan hirup jujur, ngan apan mindeng kabelejog da loba pangbibita haliah dunya. Ongkoh deuih nulis surat téh basana bisi karasa kasar, sakali deui hampura. Bisi ngarasa kaganggu ku ditarimana ieu surat, anggap wé euweuh, suratna diduruk wé. Aéh heueuh, mun teu salah déngé énté téh hayang nyalon jadi gupernur, alus tah, ngan kahadé wé sing inget kana umur jeung kamampuh, bisi rahayat ngarasa kabelejog, bahaya mun rahayat geus ambek mah matak geumpeur saréréa. Uing mah ukur ngajurung ku du’a mugi sadayana aya dina karidoan Alloh Swt.” 
Sanusi ngadayagdag bari semu ngeureuceum, surat ditilepan, digolérkaeun dina méja. Sanusi ngarawél koran nu ngabarak dina méja, dipaké ngageberan awak nu karasa hareudang bayeungyang. Kagambar pameunteu emana, bapana, ninina nu geus euweuh dikieuna, boa keur nyerangkeun ti alam kalanggengan bareng jeung Si Gatot
Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Ku Mamat Sasmita
CARPON : NGUSEUP
Ku : MAMAT SASMITA
Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.
Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gedé.
Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri.
Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.
Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.
Tapi saha nu rék masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.
Lauk kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.
Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.
Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.
Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami” kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.
Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.
“Muhun mang, engké upami kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”
“Bénten paniatan kumaha mang?”
“Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.
Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?” kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan” kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik

Contoh Carpon Basaha / Basa Sunda Karya Mamat Sasmita
Carpon : MA INUNG NGARAWU TANEUH

Ku : MAMAT SASMITA

Imah téh pikabetaheun najan ayana di pasisian. Disebut di pasisian téh pédah wé deukeut wates kota. Imah camperenik, modél kaayeunakeun, minimalis téa cenah. Atuh da hayang imah di tengah kota Bandung mah beu pimanaeun, pisabaraheun hargana jeung geus euweuh lahan ongkoh. Meuli imah didieu gé meureun geus diitung, sakumaha anggangna ti tempat pagawéan, wayah kumaha macétna di jalan, wayah kumaha kudu nganteur budak ka sakola jeung sajabana ti éta. Tapi aya untungna lantaran padeukeut jeung pilemburan, padeukeut jeung pasawahan, disebut untung téh pédah wé hawana seger kénéh, teu cara di tengah kota, bayeungyang jeung haringhang.
Keur Ma Inung mah genah wé nu aya, diangkir ka kota téh. Mangpuluh-puluh taun cicing di pilemburan, najan sapopoé jadi guru sakola dasar gé angger wé ulin ka Bandung mah arang langka. Can lila pangsiun tina guru téh aya kana lima bulan mah, sanggeus pangsiun asa euweuh cabak, kadangkala ngarasa kesel. Komo sanggeus salakina miheulaan mulih ka jati mulang kaasal. Hirup asa cuang cieung. Matakna waktu diangkir ka kota ku anakna, giak nyanggupan. Keur Ma Inung nu kaimpleng téh bakal resep ngasuh incu. Mangkaning incuna téh aya dua, nu hiji awewe kakarar sakola di SD kelas hiji, ari nu saurang deui lalaki kakara umur opat taun jalan. Keur meujeuhna kembang buruan, lucu ku capétangna.

Bageur boga minantu téh, karasa kanyaahna, ari ngobrol omhang teu weléh nyeuleukeuteuk seuri Geus aya kana sabulanna bareng jeung anakna téh. Sapopoé ngasuh incu, nu leutik nu gedé, ari nu gedé mah sanggeus balik sakola, malah apan dipapagkeunana ka sakola gé ku Ma Inung, kana béca nu geus ngalanggan.
Ari kaprak keprek di imah mah aya nu babantu, budak lanjang ti Cilacap, alus deuih budak téh, gawéna getén, masak pinter, nyeuseuh beresih, sagala pagawéan kasiwer, kapaké deuih.
Anakna jeung minantuna tara aya di imah da duanana digawé. Nyiar kipayah keur hirup jeung huripna kulawarga. Resep ngasuh incu téh, cék pikirna teu béda jeung ngasuh barudak di sakola jaman keur ngaguruan kénéh kelas hiji SD. Tapis pisan jeung apal kana lilingeranana ngasuh budak. Ongkoh deuih incuna mah euweuh nu bangor, euweuh nu pikakeuheuleun, sigana perbawa ti indung bapana nu bageur. Incuna mah tara nepi ka ceurik lolongséran pédah teu diturut kahayangna. Tara kaciri hayang jajan di warung, atawa hayang meuli cocooan, éstu barang dahar téh cukup ku nu aya di imah, kitu deui cocoan.
Lain pédah di imah sagala aya, atawa owel ku duit keur jajan, tapi dibiasakeun ti leuleutik, dibiasakeun tara jajan, dibiasakeun tara barangbeuli sakahayang budak. Atuh da sok teu resep mun ningali budak leutik ngarenghik hayang jajan, teu kaop ningali warung, komo mun bari keur nyémah.

Bada isa, incuna nu leutik dipépéndé ku Ma Inung, dihariringan ku pupujian, digeberan ku tungtung samping, budak téh reup saré tibra, bari leungeunna nangkeup ka Ma Inung.
Ma Inung neuteup beungeut budak, buukna diusapan, celengok dicium. Kasép budak téh.
Anteb neuteup beungeut budak, teu karasa dina kongkolak panon Ma Inung aya nu hérang ngagéndang, celengok deui budak dicium. Majarkeun sok leuwih nyaah ka nu jadi incu, ieu pisan nu karasa ku Ma Inung. Ditahan téh naha kalah ka beuki merebey cimata.
Kulutrak kana panto aya nu muka, minantuna rék mindahkeun anakna, ningali Ma Inung reumbay cimata téh kalah ngaheugeu, neuteup.

“Ka dieu geulis, yap kana pangkuan ema.”

Minantuna ngagoloyoh, “Ema téh teu damang?” pokna.

“Henteu geulis, ema mah reumbay cimata téh bakating ku bagja, kuduna mah…,” teu kebat ngomongna.

“Kedahna naon ema?”

Ma Inung ngahuleng, semu nu hanjakal kalepasan ngomong.

“Geulis, ieu kabagjaan téh lain milik ema sorangan, kuduna mah aya deui nu ngarasakeunana, nyaéta akina ieu si kasep,” ngomongna téh bari ngusapan incuna nu keur saré ngageubra.


Dikitukeun téh minantuna nangkeup ka Ma Inung, bet teu ku hanteu deuih kalah ngiluan merebey cimata. Aya nu nyedek dina angen, aya nu nu nyodok kana tikoro.
“Ma,” cenah bari nangkeup beuki pageuh.

“Ema téh hayang norowéco, ema téh hayang sagala diomongkeun ka si jenat kumaha lucuna ieu si kasép, kumaha pinterna si geulis. Ema téh hayang nyarandé kana dadana, hayang ngadéngékeun keteg jantungna. Tengtrem nyarandé dina dadana mah, ema gé sok diusapan, bari manéhna murintil-murintil buuk ema. Ema téh hayang mencétan taktakna nu mindeng karasa cangkeul, ema téh hayang ngabalur tonggongna ku minyak gosok, waas ku teurabna. Mun inget ka dinya ema sok merebey cimata, inget ku bélana, inget ku heureuyna, inget ku poksangna.Mun ema rungsing ku pagawéan, manéhna sok ngabeberah, sok ngarancét pundak bari heureuy noélan iga. Ema mah asa diheulang.”

Enya kaharti ari kituna mah, salakina Ma Inung maot ngadadak, teu kungsi gering heula, keur solat subuh teu cengkat deui. Cék omong batur mah cenah serangan jantung, aya deui nu nyebutkeun kasakit angin duduk. Maotna téh sababaraha minggu sanggeus Ma Inung nampa SK pangsiun.
Minantuna nginghak lalaunan dina lahunan.
“Geulis urang du’akeun yu.” Ma Inung cengkat, bari nyengkatkeun minantuna, tuluy ka cai rék wudu. Minantuna mah regeyeng ngangkat anakna dipindahkeun saréna ka kamarna.

Biasa ari poé Saptu téh Ma Inung mah sok saged, maké baju olah raga, di topi, disapatu atuh incuna nu leutik gé sok dibawa, sarua maké baju olah raga, sarua sina maké topi, maké sapatu.
Ari poé Saptu mah anakna jeung minantuna araya di imah, teu digawé, jadi nu nganteurkeun ka sakola atawa ngajemput incuna nu gedé téh bisa ku indung bapana. Ma Inung mah laluasa ngadon olah raga, ngurilingan komplék, leumpang wé bari ngasuh incuna nu leutik
Harita gé kakara balik ka imah téh méh jam sapuluh, padahal inditna téh ti jam genep mula, rebun kénéh. Sapatu kalotor pinuh ku leutak, atuh bajuna gé sarua kalotor, malah sapatu olah raga nu Ma Inung mah dijingjing, incuna diiringkeun bari luut-léét késang.
Puguh wé anak minantu reuwaseun, disangkana labuh ka solokan.
“Resep, adé mah ameng di sawah,” kitu cek incuna Ma Inung, hariweusweus, ngomongna semu cadél.
“Enya, tadi téh ema ngilu tandur, nu kasep mah ulukutek wé dina leutak,” cék Ma Inung, beungeut Ma Inung semu beureum, tayohna kapanasan, jeung cémong ku leutak.
Anakna Ma Inung jeung minantuna teu lémék teu carék, ukur neuteup ka anakna jeung ka Ma Inung. Kudu ngomong naon atuh, rék nyalahkeun sieun Ma Inung kasigeung, rék nganaha-naha ma enya ka kolot.
“Ibak yu,” minantuna Ma Inung ngajak budakna bari ngalaan sapatuna nu pinuh ku leutak.
“Keun wé sina tuus heula késangna, engké we ibakna sareng ninung,” bari ngarérét ka budak.
Ma Inung sok nyebut ninung, nénéhna tina Nini Inung.

Sangeus bérés mandi jeung ngamandian incuna, Ma Inung kaprak keprek di dapur mantuan minantuna masak, kacirina téh keur nyieun angeun haseum.
Ma Inung ngomong ngarasa sono kana taneuh, ka sawah, ka kebon, kana pepelakan, kana paré, kana kekembangan kana tangkal peuteuy, kana tangkal rambutan.
“Atuda di kota mah iraha ema nincak taneuh,” kitu pokna. Sapopoé maké sendal, maké sapatu, di imah, di pakarangan, di jalan, dina mobil, tara leupas ti sendal. Hirup siga nu embung wawuh kana taneuh.
“Matakna, basa ningali aya nu tandur, ema mah gebrus wé ngilu tandur, ancrub bebelekukan.”
Ma Inung norowéco, cenah karasa kumaha ngusapanana leutak kana dampal suku, kana keuneung, kana kulit suku. Karasa leutak ngabagéakeun tungtung ramo. Karasa taneuh ngabagéakeun getih nu ngamalir dina urat-urat, geterna nyaksrak kana tonggong, kana sirah, kana buuk. Taneuh méré ajén harti hirup, méré tanaga, méré énergi positip.
Cék Ma Inung kénéh, awak urang téh kudu wanoh kana taneuh, ulah jéjérégéd mun nincak taneuh, tong poho awak urang téh asal-muasalna tina taneuh tur bakal balik deui kana taneuh. Kumaha rék mikacinta ka lemah cai mun suku gé salawasna maké dadampar, maké sapatu, maké sendal, tara antel pisan kana taneuh. Atuh moal karasa énergi positip tina taneuh kana awak téh. Di dayeuh mah hareupeun imah ditembok, di jalan maké aspal atawa dibeton, saincak-incak téh ukur aspal jeung beton, pimanaeun suku wawuh kana taneuh. Sakalieun budak teu make sapatu atawa sendal gé apan dinaha-naha, bisi kotor téa, bisi aya caing téa.
“Ieu tahu téh rék digoréng?”
“Muhun Ma.”
Ma Inung ngagoréng tahu, dibulak-balik.
“Mun ditilik-tilik ampir kabéh kadaharan asalna tina taneuh, nu matak kudu nyaah ka lemah cai, nyaah kana taneuh jeung cai téh ulah ngan ukur lalambé.” Terus Ma Inung ngomongkeun gegedén pamaréntahan nu bacéprot pidato kudu nyaah ka lemah cai, tapi sakalieun ngilu panén gé disapatu karét nu nengah bitis, da embung baseuh, embung keuna ku leutak, atuh leungeun maké kaos, sieun ateul meureun. Ucap jeung lampah patojaiah pisan. Moal enya nu kitu disebut mikacinta ka lemah cai?
Minantuna nu keur nyiksikan bawang beureum ukur unggut-unggutan, teuing ngarti teuing henteu.
“Ma, upami minggu payun urang ka Cangkudu, kersa?”
“Ka Cangkudu?” Ma Inung neuteup ka minantuna semu teu percaya.
“Muhun ma, abdi badé milarian nangka asak, aya nu pesen ti kantor, sareng kaleresan apan tétéh sakolana peré da beureum dina kalénder gé.” Incuna Ma Inung nu gedé sok disebut tétéh.
Ma Inung jigrah, kaciri dina sorot panonna. Ma Inung gumbira kaciri dina ucapna. Ma Inung hayang geura indit.

Minggu hareupna mobil nyemprung ka wétankeun, Ma Inung diuk di hareup, gigireun supir, nu nyupirna anakna, di jok tukang incu-incuna jeung minantuna. Inditna poé Jumaah sanggeus baralik gawé, bada asar, ambéh nepi ka lembur bada magrib.
Méméh Ciawi, méngkol ka kénca, brasna ka Cipanas. Di Cipanas eureun heula ngilu solat magrib, teu lila da hayang buru-buru nepi.
“Ti dieu mah jandéla mobil téh tong ditutupkeun kabéh, tong maké AC ambéh karasa hawa seger, meungpeung teu kudu mayar pajeg nyeuseup hawa téh.”
“Maksadna ma?”
“Enya, baheula mah cai gé teu kudu meuli, di lembur mah apan unggal imah gé sok nyadiakeun téko jeung cangkir di hareupeun imah, bisi aya nu ngaliwat hanaang, apan ayeuna mah cai gé kudu meuli. Sigana kaheureup mah hawa gé kudu meuli, atawa dipajeg.”
Ma Inung ngagorolang nyaritakeun cai, yén cai geus jadi barang komoditi, geus jadi inceran nu boga modal, siga nu ngabaékeun yén cai téh hak azasi, kuduna mah sumber cai téh dikokolakeun nu hadé, ulah sagawayah dijual ka nu boga modal keur dikomersilkeun. Kudu aya strategina ngokolakeun cai, jaganinggéto krisis cai beresih bakal karandapan. Hirup téh nangtung dina taneuh, nyeuseup hawa, nginum cai, ngasakeun dahareun maké seuneu. Nu encan maké duit téh ambekan, nyeuseup hawa.
Teu kebat ngobrol dina mobil téh da kaburu nepi ka imah Ma Inung di lembur Cangkudu.

Isukna, pabeubeurang sanggeus ibun tuus, Ma Inung ngahiras tatanggana néangan nangka jeung kalapa ka kebon, ari Ma Inung ngabringkeun saanak incu rék meresihan kuburan salakina.
“Bapa hidep téh keur ema mah pahlawan nu teu weléh méré inspirasi, nu teu weléh ngajurung ema sangkan betah jadi guru, nu teu weléh ngingetan sangkan hirup kudu jujur. Najan bapa hidep sapopoéna ukur tani, karasa kanyaahna, méré conto kudu disiplin, meureun karasa ku hidep gé.”
Anakna Ma Inung unggut-unggutan, enya da karasa kumaha ngajurungna hirup kudu wekel, nu kadéngé kénéh téh sual disiplin cenah sakola téh teu béda jeung melak paré. Kudu nyaho iraha tandur, iraha ngagemuk, iraha ngayuman, iraha mindo, iraha mangkas, kitu deui sakola atawa kuliah, kudu nyaho iraha ngapalkeun, iraha ulin, iraha ulangan, ulah pacorok bisi hasilna gabug.
“Ma urang témbok atuh kuburan apa téh.”
Ma Inung ngarérét ka anakna “Keun wé heula, ayeuna mah cukup ku tetengger ieu, keur ciri mah apan ieu aya hanjuang jeung samoja. Hanjuang téh tanda sangkan urang inget hiji waktu mah urang gé bakal ngahanju, nu aya di jero taneuh ukur tulang semu bodas sarua jeung tangkal samoja nu semu bodas.”
Sanggeus bérés meresihan kuburan, nyabutan jukut jeung ngadu’a, anak incuna mah dititah balik tiheula “Ema mah rék di dieu heula, sakeudeung deui,” bari ngelapan tetengger nu geus beresih.
Ma Inung candukul kénéh, nyorangan, leungeunna ngagepluk-gepluk jeung noélan taneuh kuburan nu semu hideung. Loba nu hayang diomongkeun, loba nu hayang ditepikeun. “Lalucu, saréhat, geulis jeung kasép incu téh, bagja, bagja pisan Inung mah,” ngan ukur kitu nu kedal halon kaciri dina kunyem biwirna. Kerewek kana kantong kérésék urut wadah kembang nu dipake nyekar, leungeun Ma Inung ngarawu taneuh tina luhureun kuburan, sakantong kérésék pinuh. Lalaunan cengkat, ngucapkeun salam, indit lalaunan ngajingjing taneuh dina kantong kérésék bari nyusut cimata nu ngembeng.

Pasosoré, anakna Ma Inung bébérés babawaan dina mobil, rék mulang deui ka Bandung. Dina bagasi mobil pinuh ku nangka, kalapa, sampeu, hui boléd, taneuh sakarung jeung rupa-rupa deui.
“Ma, ari ieu taneuh sakarung kanggo naon?”
“Taneuh gemuk éta téh meunang ema nyokot ti kandang domba, bawa, keur melak kembang dina pot, apan di Bandung mah taneuh gé kudu meuli.”
Ma Inung nyuruntul kana bagasi mobil “Éta gé taneuh dina kérésék ulah dikamamanakeun, ulah dihijikeun kana karung”
Ma Inung ngaharéwos ka anakna:”Ulah geruh bisi jadi pitnah, ieu téh taneuh tina luhureun kuburan apa, ku ema rék dipaké melak kembang sedep malem dina pot. Kembang sedep malem téh kadeudeuh apa, ubar ema mun sono ka apa, kembangna rék disimpen di kamar ema, rek diambung, rék diajak ngobrol, mudalkeun kanyaah, mudalkeun rasa bagja.”
Anakna ukur neuteup ka Ma Inung bari unggeuk, surti. Enya da ngajak emana ka Cangkudu gé, lain néangan nangka néangan nangka teuing, tapi hasil badami jeung pamajikanana keur panyombo. Ema siga nu kabungbulengan ku apa, kitu gerentes anakna.
Mobil nyemprung ka Bandung, incu-incuna Ma Inung ribut, nu lalaki niup empét-empétan, tatarompétan tina jarami ditambahan ku janur ambéh disadana beuki harus. Nu awéwé ngamaénkeun wawayangan tina daun sampeu. Dina bagasi mobil aya kukudaan tina bagedor, aya upih keur sosorodotan, aya kélé keur wadah cai.
Ma Inung ngabelenyéh imut “Nuhun kang, ku didikan akang barudak sakieu mulyana,” gerentes haténa.

Contoh Carpon Basaha / Basa Sunda Karya Mamat Sasmita
Carpon : MA INUNG NGARAWU TANEUH

Ku : MAMAT SASMITA
Imah téh pikabetaheun najan ayana di pasisian. Disebut di pasisian téh pédah wé deukeut wates kota. Imah camperenik, modél kaayeunakeun, minimalis téa cenah. Atuh da hayang imah di tengah kota Bandung mah beu pimanaeun, pisabaraheun hargana jeung geus euweuh lahan ongkoh. Meuli imah didieu gé meureun geus diitung, sakumaha anggangna ti tempat pagawéan, wayah kumaha macétna di jalan, wayah kumaha kudu nganteur budak ka sakola jeung sajabana ti éta. Tapi aya untungna lantaran padeukeut jeung pilemburan, padeukeut jeung pasawahan, disebut untung téh pédah wé hawana seger kénéh, teu cara di tengah kota, bayeungyang jeung haringhang.
Keur Ma Inung mah genah wé nu aya, diangkir ka kota téh. Mangpuluh-puluh taun cicing di pilemburan, najan sapopoé jadi guru sakola dasar gé angger wé ulin ka Bandung mah arang langka. Can lila pangsiun tina guru téh aya kana lima bulan mah, sanggeus pangsiun asa euweuh cabak, kadangkala ngarasa kesel. Komo sanggeus salakina miheulaan mulih ka jati mulang kaasal. Hirup asa cuang cieung. Matakna waktu diangkir ka kota ku anakna, giak nyanggupan. Keur Ma Inung nu kaimpleng téh bakal resep ngasuh incu. Mangkaning incuna téh aya dua, nu hiji awewe kakarar sakola di SD kelas hiji, ari nu saurang deui lalaki kakara umur opat taun jalan. Keur meujeuhna kembang buruan, lucu ku capétangna.
Bageur boga minantu téh, karasa kanyaahna, ari ngobrol omhang teu weléh nyeuleukeuteuk seuri Geus aya kana sabulanna bareng jeung anakna téh. Sapopoé ngasuh incu, nu leutik nu gedé, ari nu gedé mah sanggeus balik sakola, malah apan dipapagkeunana ka sakola gé ku Ma Inung, kana béca nu geus ngalanggan.
Ari kaprak keprek di imah mah aya nu babantu, budak lanjang ti Cilacap, alus deuih budak téh, gawéna getén, masak pinter, nyeuseuh beresih, sagala pagawéan kasiwer, kapaké deuih.
Anakna jeung minantuna tara aya di imah da duanana digawé. Nyiar kipayah keur hirup jeung huripna kulawarga. Resep ngasuh incu téh, cék pikirna teu béda jeung ngasuh barudak di sakola jaman keur ngaguruan kénéh kelas hiji SD. Tapis pisan jeung apal kana lilingeranana ngasuh budak. Ongkoh deuih incuna mah euweuh nu bangor, euweuh nu pikakeuheuleun, sigana perbawa ti indung bapana nu bageur. Incuna mah tara nepi ka ceurik lolongséran pédah teu diturut kahayangna. Tara kaciri hayang jajan di warung, atawa hayang meuli cocooan, éstu barang dahar téh cukup ku nu aya di imah, kitu deui cocoan.
Lain pédah di imah sagala aya, atawa owel ku duit keur jajan, tapi dibiasakeun ti leuleutik, dibiasakeun tara jajan, dibiasakeun tara barangbeuli sakahayang budak. Atuh da sok teu resep mun ningali budak leutik ngarenghik hayang jajan, teu kaop ningali warung, komo mun bari keur nyémah.
Bada isa, incuna nu leutik dipépéndé ku Ma Inung, dihariringan ku pupujian, digeberan ku tungtung samping, budak téh reup saré tibra, bari leungeunna nangkeup ka Ma Inung.
Ma Inung neuteup beungeut budak, buukna diusapan, celengok dicium. Kasép budak téh.
Anteb neuteup beungeut budak, teu karasa dina kongkolak panon Ma Inung aya nu hérang ngagéndang, celengok deui budak dicium. Majarkeun sok leuwih nyaah ka nu jadi incu, ieu pisan nu karasa ku Ma Inung. Ditahan téh naha kalah ka beuki merebey cimata.
Kulutrak kana panto aya nu muka, minantuna rék mindahkeun anakna, ningali Ma Inung reumbay cimata téh kalah ngaheugeu, neuteup.

“Ka dieu geulis, yap kana pangkuan ema.”
Minantuna ngagoloyoh, “Ema téh teu damang?” pokna.
“Henteu geulis, ema mah reumbay cimata téh bakating ku bagja, kuduna mah…,” teu kebat ngomongna.
“Kedahna naon ema?”
Ma Inung ngahuleng, semu nu hanjakal kalepasan ngomong.
“Geulis, ieu kabagjaan téh lain milik ema sorangan, kuduna mah aya deui nu ngarasakeunana, nyaéta akina ieu si kasep,” ngomongna téh bari ngusapan incuna nu keur saré ngageubra.
Dikitukeun téh minantuna nangkeup ka Ma Inung, bet teu ku hanteu deuih kalah ngiluan merebey cimata. Aya nu nyedek dina angen, aya nu nu nyodok kana tikoro.
“Ma,” cenah bari nangkeup beuki pageuh.
“Ema téh hayang norowéco, ema téh hayang sagala diomongkeun ka si jenat kumaha lucuna ieu si kasép, kumaha pinterna si geulis. Ema téh hayang nyarandé kana dadana, hayang ngadéngékeun keteg jantungna. Tengtrem nyarandé dina dadana mah, ema gé sok diusapan, bari manéhna murintil-murintil buuk ema. Ema téh hayang mencétan taktakna nu mindeng karasa cangkeul, ema téh hayang ngabalur tonggongna ku minyak gosok, waas ku teurabna. Mun inget ka dinya ema sok merebey cimata, inget ku bélana, inget ku heureuyna, inget ku poksangna.Mun ema rungsing ku pagawéan, manéhna sok ngabeberah, sok ngarancét pundak bari heureuy noélan iga. Ema mah asa diheulang.”
Enya kaharti ari kituna mah, salakina Ma Inung maot ngadadak, teu kungsi gering heula, keur solat subuh teu cengkat deui. Cék omong batur mah cenah serangan jantung, aya deui nu nyebutkeun kasakit angin duduk. Maotna téh sababaraha minggu sanggeus Ma Inung nampa SK pangsiun.
Minantuna nginghak lalaunan dina lahunan.
“Geulis urang du’akeun yu.” Ma Inung cengkat, bari nyengkatkeun minantuna, tuluy ka cai rék wudu. Minantuna mah regeyeng ngangkat anakna dipindahkeun saréna ka kamarna.
Biasa ari poé Saptu téh Ma Inung mah sok saged, maké baju olah raga, di topi, disapatu atuh incuna nu leutik gé sok dibawa, sarua maké baju olah raga, sarua sina maké topi, maké sapatu.
Ari poé Saptu mah anakna jeung minantuna araya di imah, teu digawé, jadi nu nganteurkeun ka sakola atawa ngajemput incuna nu gedé téh bisa ku indung bapana. Ma Inung mah laluasa ngadon olah raga, ngurilingan komplék, leumpang wé bari ngasuh incuna nu leutik
Harita gé kakara balik ka imah téh méh jam sapuluh, padahal inditna téh ti jam genep mula, rebun kénéh. Sapatu kalotor pinuh ku leutak, atuh bajuna gé sarua kalotor, malah sapatu olah raga nu Ma Inung mah dijingjing, incuna diiringkeun bari luut-léét késang.
Puguh wé anak minantu reuwaseun, disangkana labuh ka solokan.
“Resep, adé mah ameng di sawah,” kitu cek incuna Ma Inung, hariweusweus, ngomongna semu cadél.
“Enya, tadi téh ema ngilu tandur, nu kasep mah ulukutek wé dina leutak,” cék Ma Inung, beungeut Ma Inung semu beureum, tayohna kapanasan, jeung cémong ku leutak.
Anakna Ma Inung jeung minantuna teu lémék teu carék, ukur neuteup ka anakna jeung ka Ma Inung. Kudu ngomong naon atuh, rék nyalahkeun sieun Ma Inung kasigeung, rék nganaha-naha ma enya ka kolot.
“Ibak yu,” minantuna Ma Inung ngajak budakna bari ngalaan sapatuna nu pinuh ku leutak.
“Keun wé sina tuus heula késangna, engké we ibakna sareng ninung,” bari ngarérét ka budak.
Ma Inung sok nyebut ninung, nénéhna tina Nini Inung.

Sangeus bérés mandi jeung ngamandian incuna, Ma Inung kaprak keprek di dapur mantuan minantuna masak, kacirina téh keur nyieun angeun haseum.
Ma Inung ngomong ngarasa sono kana taneuh, ka sawah, ka kebon, kana pepelakan, kana paré, kana kekembangan kana tangkal peuteuy, kana tangkal rambutan.
“Atuda di kota mah iraha ema nincak taneuh,” kitu pokna. Sapopoé maké sendal, maké sapatu, di imah, di pakarangan, di jalan, dina mobil, tara leupas ti sendal. Hirup siga nu embung wawuh kana taneuh.
“Matakna, basa ningali aya nu tandur, ema mah gebrus wé ngilu tandur, ancrub bebelekukan.”
Ma Inung norowéco, cenah karasa kumaha ngusapanana leutak kana dampal suku, kana keuneung, kana kulit suku. Karasa leutak ngabagéakeun tungtung ramo. Karasa taneuh ngabagéakeun getih nu ngamalir dina urat-urat, geterna nyaksrak kana tonggong, kana sirah, kana buuk. Taneuh méré ajén harti hirup, méré tanaga, méré énergi positip.
Cék Ma Inung kénéh, awak urang téh kudu wanoh kana taneuh, ulah jéjérégéd mun nincak taneuh, tong poho awak urang téh asal-muasalna tina taneuh tur bakal balik deui kana taneuh. Kumaha rék mikacinta ka lemah cai mun suku gé salawasna maké dadampar, maké sapatu, maké sendal, tara antel pisan kana taneuh. Atuh moal karasa énergi positip tina taneuh kana awak téh. Di dayeuh mah hareupeun imah ditembok, di jalan maké aspal atawa dibeton, saincak-incak téh ukur aspal jeung beton, pimanaeun suku wawuh kana taneuh. Sakalieun budak teu make sapatu atawa sendal gé apan dinaha-naha, bisi kotor téa, bisi aya caing téa.
“Ieu tahu téh rék digoréng?”
“Muhun Ma.”
Ma Inung ngagoréng tahu, dibulak-balik.
“Mun ditilik-tilik ampir kabéh kadaharan asalna tina taneuh, nu matak kudu nyaah ka lemah cai, nyaah kana taneuh jeung cai téh ulah ngan ukur lalambé.” Terus Ma Inung ngomongkeun gegedén pamaréntahan nu bacéprot pidato kudu nyaah ka lemah cai, tapi sakalieun ngilu panén gé disapatu karét nu nengah bitis, da embung baseuh, embung keuna ku leutak, atuh leungeun maké kaos, sieun ateul meureun. Ucap jeung lampah patojaiah pisan. Moal enya nu kitu disebut mikacinta ka lemah cai?
Minantuna nu keur nyiksikan bawang beureum ukur unggut-unggutan, teuing ngarti teuing henteu.
“Ma, upami minggu payun urang ka Cangkudu, kersa?”
“Ka Cangkudu?” Ma Inung neuteup ka minantuna semu teu percaya.
“Muhun ma, abdi badé milarian nangka asak, aya nu pesen ti kantor, sareng kaleresan apan tétéh sakolana peré da beureum dina kalénder gé.” Incuna Ma Inung nu gedé sok disebut tétéh.
Ma Inung jigrah, kaciri dina sorot panonna. Ma Inung gumbira kaciri dina ucapna. Ma Inung hayang geura indit.
Minggu hareupna mobil nyemprung ka wétankeun, Ma Inung diuk di hareup, gigireun supir, nu nyupirna anakna, di jok tukang incu-incuna jeung minantuna. Inditna poé Jumaah sanggeus baralik gawé, bada asar, ambéh nepi ka lembur bada magrib.
Méméh Ciawi, méngkol ka kénca, brasna ka Cipanas. Di Cipanas eureun heula ngilu solat magrib, teu lila da hayang buru-buru nepi.
“Ti dieu mah jandéla mobil téh tong ditutupkeun kabéh, tong maké AC ambéh karasa hawa seger, meungpeung teu kudu mayar pajeg nyeuseup hawa téh.”
“Maksadna ma?”
“Enya, baheula mah cai gé teu kudu meuli, di lembur mah apan unggal imah gé sok nyadiakeun téko jeung cangkir di hareupeun imah, bisi aya nu ngaliwat hanaang, apan ayeuna mah cai gé kudu meuli. Sigana kaheureup mah hawa gé kudu meuli, atawa dipajeg.”
Ma Inung ngagorolang nyaritakeun cai, yén cai geus jadi barang komoditi, geus jadi inceran nu boga modal, siga nu ngabaékeun yén cai téh hak azasi, kuduna mah sumber cai téh dikokolakeun nu hadé, ulah sagawayah dijual ka nu boga modal keur dikomersilkeun. Kudu aya strategina ngokolakeun cai, jaganinggéto krisis cai beresih bakal karandapan. Hirup téh nangtung dina taneuh, nyeuseup hawa, nginum cai, ngasakeun dahareun maké seuneu. Nu encan maké duit téh ambekan, nyeuseup hawa.
Teu kebat ngobrol dina mobil téh da kaburu nepi ka imah Ma Inung di lembur Cangkudu.
Isukna, pabeubeurang sanggeus ibun tuus, Ma Inung ngahiras tatanggana néangan nangka jeung kalapa ka kebon, ari Ma Inung ngabringkeun saanak incu rék meresihan kuburan salakina.
“Bapa hidep téh keur ema mah pahlawan nu teu weléh méré inspirasi, nu teu weléh ngajurung ema sangkan betah jadi guru, nu teu weléh ngingetan sangkan hirup kudu jujur. Najan bapa hidep sapopoéna ukur tani, karasa kanyaahna, méré conto kudu disiplin, meureun karasa ku hidep gé.”
Anakna Ma Inung unggut-unggutan, enya da karasa kumaha ngajurungna hirup kudu wekel, nu kadéngé kénéh téh sual disiplin cenah sakola téh teu béda jeung melak paré. Kudu nyaho iraha tandur, iraha ngagemuk, iraha ngayuman, iraha mindo, iraha mangkas, kitu deui sakola atawa kuliah, kudu nyaho iraha ngapalkeun, iraha ulin, iraha ulangan, ulah pacorok bisi hasilna gabug.
“Ma urang témbok atuh kuburan apa téh.”
Ma Inung ngarérét ka anakna “Keun wé heula, ayeuna mah cukup ku tetengger ieu, keur ciri mah apan ieu aya hanjuang jeung samoja. Hanjuang téh tanda sangkan urang inget hiji waktu mah urang gé bakal ngahanju, nu aya di jero taneuh ukur tulang semu bodas sarua jeung tangkal samoja nu semu bodas.”
Sanggeus bérés meresihan kuburan, nyabutan jukut jeung ngadu’a, anak incuna mah dititah balik tiheula “Ema mah rék di dieu heula, sakeudeung deui,” bari ngelapan tetengger nu geus beresih.
Ma Inung candukul kénéh, nyorangan, leungeunna ngagepluk-gepluk jeung noélan taneuh kuburan nu semu hideung. Loba nu hayang diomongkeun, loba nu hayang ditepikeun. “Lalucu, saréhat, geulis jeung kasép incu téh, bagja, bagja pisan Inung mah,” ngan ukur kitu nu kedal halon kaciri dina kunyem biwirna. Kerewek kana kantong kérésék urut wadah kembang nu dipake nyekar, leungeun Ma Inung ngarawu taneuh tina luhureun kuburan, sakantong kérésék pinuh. Lalaunan cengkat, ngucapkeun salam, indit lalaunan ngajingjing taneuh dina kantong kérésék bari nyusut cimata nu ngembeng.
Pasosoré, anakna Ma Inung bébérés babawaan dina mobil, rék mulang deui ka Bandung. Dina bagasi mobil pinuh ku nangka, kalapa, sampeu, hui boléd, taneuh sakarung jeung rupa-rupa deui.
“Ma, ari ieu taneuh sakarung kanggo naon?”
“Taneuh gemuk éta téh meunang ema nyokot ti kandang domba, bawa, keur melak kembang dina pot, apan di Bandung mah taneuh gé kudu meuli.”
Ma Inung nyuruntul kana bagasi mobil “Éta gé taneuh dina kérésék ulah dikamamanakeun, ulah dihijikeun kana karung”
Ma Inung ngaharéwos ka anakna:”Ulah geruh bisi jadi pitnah, ieu téh taneuh tina luhureun kuburan apa, ku ema rék dipaké melak kembang sedep malem dina pot. Kembang sedep malem téh kadeudeuh apa, ubar ema mun sono ka apa, kembangna rék disimpen di kamar ema, rek diambung, rék diajak ngobrol, mudalkeun kanyaah, mudalkeun rasa bagja.”
Anakna ukur neuteup ka Ma Inung bari unggeuk, surti. Enya da ngajak emana ka Cangkudu gé, lain néangan nangka néangan nangka teuing, tapi hasil badami jeung pamajikanana keur panyombo. Ema siga nu kabungbulengan ku apa, kitu gerentes anakna.
Mobil nyemprung ka Bandung, incu-incuna Ma Inung ribut, nu lalaki niup empét-empétan, tatarompétan tina jarami ditambahan ku janur ambéh disadana beuki harus. Nu awéwé ngamaénkeun wawayangan tina daun sampeu. Dina bagasi mobil aya kukudaan tina bagedor, aya upih keur sosorodotan, aya kélé keur wadah cai.
Ma Inung ngabelenyéh imut “Nuhun kang, ku didikan akang barudak sakieu mulyana,” gerentes haténa.

HAYAM KONGKORONGOK SUBUH

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Rincian Dongeng:
-    Judulna     : Hayam Kongkorongok Subuh
-    Bahasana     : Kasar
-    Palakuna     : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
-    Watek palakuna :
Oray Naga  = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi   = Daek wae di titah sanajan salah, teboga  pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
-    Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
-    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.



 Kumpulan Carpon Singkat
GAGAK JADI HIDEUNG

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Rincian Dongeng:
-    Judulna      : Gagak Jadi Hideung
-    Bahasana     : Kasar
-    Palakuna     : Gagak jeung Oray Sanca
-    Watek palakuna :
Gagak      = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
-    Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
-    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.



 Kumpulan Carpon Singkat
SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Rincian Dongeng:
-    Judulna     : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
-    Bahasana     : Lemes
-    Palakuna       : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
-    Watek palakuna :
Prabu Rakata         = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana        = Sarakah
Raden Topobrana      = Embung ditindes
-    Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
-    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.



 Kumpulan Carpon Singkat 
CAI LAUT ASIN

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.

Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

Rincian Dongeng:
    Judulna            :     Cai Laut Asin
ü
    Bahasana           :     Kasarü
    Palakuna           :     Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Kiü 
        Jani.
    Watek palakuna     :    Ki Jana :
ü
        Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
        Ki Jani    :    
        Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
    Tempat/latar     :     Jaman baheula di hiji lembur.
ü
    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :ü
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.



 Kumpulan Carpon Singkat 
KUYA NGAGANDONG IMAHNA

Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.

Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”

“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

Rincian Dongeng:
    Judulna           :     Kuya Ngagandong Imahna
ü
    Bahasana          :     Kasarü
    Palakuna           :     Sakadang Kuya jeung sakadang Monyetü
    Watek palakuna     :   ü 
    Sakadang Kuya   :
     Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena 
    musibah.
    Sakadang Monyet :     
    Daek babantu jeung mere saran
     Tempat/latar     :     Baheula dihiji kebon deket walungan
ü
    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :ü
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.

Ku: Dadang Sadkar
Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.
Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.
“Punya api, pa?” cenah.
Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut  konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna,  dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.
Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.
“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut
Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.
“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

DUA NUNGALALANA JEUNG HIJI BERUANG
Dua jalma leupang ngalalana babarengan liwat ka hiji leweung.waktu eta ngadadak aya Hiji beruang anu gede kaluar ti semak semak deukeut maranehna.
salah sahiji nungalalana,ngan ukur mikirkeun diri sorangan jeung teu mikirkeun babaturannana.maneh na naek ka hiji tangkal anu deukeut ka maneh na.
Nungalalana hiji deui,ngarasa teu bisa ngalawan beruang nu sakitu gede na sorangan.manehna ngabeubeut keun dirina ka nu taneuh jeung ngagoler bari ngahep-hep.
Saolah-olah manehna tos maot. Maneh na osok ngadenge lamun beruang teh moal nyabak sato atawa jelema anu gues maot.
Babaturannana nu aya di tangkal huenteu ngalakukeun naon naon jueng heunteu nulungan babaturannana anu ngagoler.teu nyaho paguneman ieu teh bener atawa heunteu.beruang eta teh  ningali ka jalma nu ngagoler maneh na ngaendus-endus deukeut sirah na,beruang eta teh ngarasa puas da korbanna  tos maot padahal ma heuntue beruang eta teh indit.
Nungalalana anu di tangkal turun ka handap ningali babaturannana.
”katingalinna sa olah-olah beruang eta teh ngabisikeun ka ceuli anu ngagoler bieu”
“naon nu di katakeun ku beruang eta teh?saur nungalalana nu sambunyi di tangkal”
”beruang eta nyarita,”saur nungalalana anu ngagoler bieu,”heunteu saluyu luempang
 babarengan jeung saurang anu ngantepkeun  jeung heunteu mikirkeun babaturannana   anu keur dina bahaya “

Si Kabayan Dicukur

Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.
Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan. Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna teh, “Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh. Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray…" [baca dongeng bahasa Sunda 
disini]
Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita, “Pondokeun wae Mang…”
Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui,  ”Ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”
“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh.
Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”
Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang. Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh ambek, “Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.
Tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku dongeng teh…”

CERPEN BAHASA SUNDA : FIRST LOVE NEVER DIE

Kuring nyaéta saurang murid sma kelas 12. Kuring resep pikeun menghibur teman-temanku kalayan lawak-lawakanku anu konyol. Di sakola kuring kaceluk minangka anak anu resep usil tapi kuring ogé miboga prestasi anu cukup membanggakan di sakola. Kuring ogé asalna ti kulawarga anu lumayan miboga kakayaan di mana-mana.
Kira-kira 3 warsih anu tuluy, sabot éta kuring ngabogaan saurang kabogoh anu lamun di tempo da manéhna anu panggeulisna di antara teman-temanku anu séjénna sarta henteu ngan geulis, manéhna ogé singer. Kami silih menyayangi sarta ogé silih mitresna. Sarta hiji sabot hubungan kami pegat kitu waé jeung ékol henteu écés.
Pegatna kami dumasar kana ku rasa bosen kuring kana. Sabot pegat kuring nempo kahanjeluna anu mendalam, tapi naon kaci keur kuring geus bosen jeung manéhna.
Sawatara bulan saterusna kuring ngarasa hanjakal pikeun manéhna, “Naha gue bego pisan enya? Udah mutusin manéhna anu udah nyaah pisan sarua gue?
Tapi naon kaci jieun sangu geus jadi bubur.” kecap kuring bari ngalamun di waktu palajaran keur lumangsung. Tapi kuring pikir meureun kuring bisa meunangkeun jelema anu leuwih alus tinimbang manéhna.
Sanggeus tilu warsih berlalu, kuring geus memacari dua wanoja, tapi pegat ogé dikarenakan maranéhanana ngan néangan kakayaan ti kulawarga kuring waé, sarta kuring kainget ka urut kuring tiheula anu pohara menyayangiku kalayan tulus lain dikarenakan kakayaan jelema kolot kuring anu melimpah. Tapi sakitu lila kuring henteu papanggih kalayanana kuring henteu weruh ngeunaan béja sarta keberadaanya.
Sanggeus kuring lulus ti sma komo kuring geus ngabéréskeun S2 ku di USA, kuring masih mikiran manéhna meureun dikarenakan di nyaéta first love ku.
Kuring ayeuna geus jadi dirut di pausahaan anu kuring bangun kalayan gawé teuas kuring. Waktu kuring keur nepungan klien di hiji restoran kahot di dayeuh kuring, kalayan henteu ngahaja kuring papanggih kalayan urut kabogoh kuring tiheula sarta kami silih mengobrol ngeunaan kaayaan kami ayeuna. Kuring kakara nyaho yén manéhna tacan nikah sarua kawas kuring ieu. Sanggeus pasamoan éta lumangsung kuring mimitian muka haté kuring pikeun dirina deui sarta tétéla manéhna ogé muka balik haténa pikeun kuring. Hiji warsih lilana kami geus balik memadu kaasih. Hiji sabot manéhna indit teuing kamana sarta henteu méré béja ogé ka kuring. Kuring kira manéhna daék bales dendam kalayan ninggalkeun kuring kitu waé, tapi kuring salah, kuring di béré béja ku kulawargana yén manéhna geus indit pikeun salawasna alatan manéhna miboga panyakit teuas anu salila ieu manéhna tutup-tutupi ti kuring. Kuring ceurik sanggeus ngadéngé warta éta. Perkiraanku salah ngeunaan bales dendam, manéhna ngan henteu daék nyieun kuring hanjelu ngeunaan panyakitna éta...

Hanjakal mah Teu Datang Tiheula

      Disalah sahiji desa anu namina Desa Cikahuripan nu aya di Kota Bandung, aya 2 urang istri nu gareulis pisan namina Lena sareng Maya. Lena sareng Maya teh migaduh watek nu babeda pisan. Lena migaduh watek nu sok hayang meunang sorangan,jeung gampang pundung ari Maya mah migaduh watek nu bageur jeung sabar. Tapi, duanana teh atos lami jadi rerencangan ti samemeh SMP, Ayeuna teh duanana atos SMA.
      Dina hiji dinten di kelas XI Ipa 2 nu teu lain kelasna Maya sareng Lena aya murid anyar . “Hemmm..Ceunah bade aya murid anyar nya may?”, Lena nyarios ka Maya. “Ceunah mah enya.” Maya ngajawab.
      Teu Lami Bu Lina lebet ka kelas XI Ipa 2 sareng pameget nu kasep pisan nganggo acuk SMA. “Marulangkalih kenalkeun ieu Angga Wijaya murid pindahan ti Banten anu bakal ngahiji di kelas XI Ipa 2 ieu. Tah ayeuna Angga kenging calik! Bilih hoyong kenal leuwih, engkin wae nya di waktos istirahat.” Saur Bu Lina. Teu lami pelajaran Bu Lina dimulai. waktos nyerelek wae teu karaos atos bel istirahat. Enggal-enggal marulangkalih Ipa 2 teh kalaluar, tapi Maya mah teu kaluar kulantaran nyandak bekel ti bumi na, Lena ge kaluar keur meser kadaharan heula jadi di kelas teh tibang aya Maya sareng Angga. Teu disangka Angga teh ka bangkuna Maya, “Hai,kenalkeun nami abdi Angga , ari kenging terang saha nami anjeun teh?”   Belenyeh wae Maya teh emut,”Oh enya nami abdi Maya.”   Ti samenjak harita Maya sareng Angga teh jadi deukeut. Tapi teu disangka Lena teh resepeun ka Angga. Dinten ka dinten Lena teh sering bangat curhat ka Maya ngeunaan rasa cinta na ka Angga.
      Lami jeung Lami ahirna Angga terangeun upami Lena teh resepeun ka Angga. Kulantaran Angga alimeun masihan harepan kosong ka Lena, dina dinten Sabtu saentos mulang sakola Angga nyarios ka Lena upami anjeunna teh teu bisa ngawaleran perasaan Lena ka anjeunna. Angga nyarios ka Lena upami anjeunna leuwih resep ka Maya sanes ka Lena. Ti dinya Lena nyeuri hate terus mulai ngambek ka Maya, kusabab Lena nyangka Maya atos ngahianatan Lena. Kulantaran Maya mah teu terang naon-naon ,pas kapendak sareng Lena kos biasa Maya mah patanya ka Lena tapi Lena kalah ngaleos teu ngajawab.
      Dina dinten senen saminggu ti kajadian eta Lena teh ngalih bangku teu calik sareng Maya deui. Maya teh jadi tambah bingung kunaon ceunah sareng Lena teh. Dina waktos istirahat Maya teh ka bangku Lena, “Ari anjeun teh kunaon ngajauhan wae abdi,salah abdi naon?” Tumaros Maya ka Lena. Tapi Lena kalah ngaleos angkat kaluar sambari camberut. Maya jadi leuwih bingung pisan naon salahna.
      Dinten ka  dinten ka lewat tapi Lena tetep ngambek ka Maya. Emang cinta sok nyieun buta. Teu karasa atos sabulan Lena sareng Maya teh teu patanya. Sabulan eta Lena makin ngajauhan Maya. Lena ngalih sakola jeung ngalih ti desa eta. Teu aya nu terang Lena sareng kulawargina teh ngalih kamana. Maya ngarasa keleungitan pisan teu aya Lena deui.
      Atos 2 tahun Lena tebih ti Maya. Emang ti samenjak ngalih, Lena teu acan pernah kapendak deui jeung teu pernah ngadangu deui kaayaan Maya kumaha. Kusabab keur ngalih Lena emang keur ngambek ka Maya jadi teu sempet pamit. Tapi dina hiji dinten Lena sadar lamun sikap na eta atos salah pisan. Henteu samestina Lena ngambek ka Maya cuman gara-gara hiji pameget nu diresepan ku Lena leuwih resepeun ka Maya.
      Ahirna dina dinten sabtu ,Lena nyuhunkeun ijin ka umi sareng abina bade ka bumi Maya . Mimiti abina teu masihan ijin tapi kulantaran Lena hoyongeun pisan kapendak sareng sobat lami na ahirna abina masihan ijin. Di dinten Minggu,enjing-enjing pisan Lena atos angkat ka Desa Cikahuripan bade ka bumina Maya. Sadongkapna di bumina Maya, Lena teu ningali aya Maya. Didinya umina Maya kalah ngajakan ka pengkeureun bumi . Lena jadi bingung anu aya di payuneun panon na teh kuburan anyar nu aya tulisan namina Mayasari nu teu lain nami rerencangan nu keur hayang di pendakan ku Lena. Lena ceurik balilihan ningali kanyataan upami rerencangan nu di sonoanna atos teu aya. “Maya atos teu aya neng, Maya maot kulantaran panyakit DBD (demam berdarah)”,Saur Umina Maya masihan terang ka Lena. Rasa hanjakal sareng rasa kaleungitan nu di rasakeun Maya dina danget eta teu bisa kabendung deui. Aya hal nu acan bisa Lena tepikeun jadi nyieun hate Lena teu tenang. Tapi dina poe eta oge Lena nyuhunkeun dihampura ka Maya sareng ngadoakeun Maya ambeh di tarima di sisi Allah SWT.

Kangjeng Prabu Siliwangi
Kangjeng Prabu Siliwangi linggih dina singgasana karajaan,ngersakeun magelaran.
Hempak para mantri ponggawa,pangpayuna papatih katut sesepuh nagara,piderekeun piramaan sadayana mendeko mando,nganti-nganti dawuh raja.
Teu lami kangjeng Prabu Siliwangi ngadawuh,gentra alon kawantos keur liwung kalbu,dawuhanana: " Anjeun datang ka mangsa,andika sadaya diperih pati geusan ngayonan pangrurug musuh. Isun percaya kana kateuneungan pati jiwa raga. Mungguh Pajajaran ayeuna estu dikepung-wakul ku musuh,ti kulon ditingker ku urang Banten,ti watan ku urang Cirebon,geus ngangseg karepna ngaranjah nagara urang.
Tapi tina caringcing jeung dijagana kapetengan Pajajaran,nu jadi musuh kandeg teu bisa laju.Ayeuna pamentaisun,sakabeh senapati katut balad-baladna,kudu geura miang deui ngajaga wates mangka tohaga,ulah nepi ka bobor karahayuan.
 Ngan Ki nanda kakasih isun,anu kudu tutunggon karaton,anu lian mah bral geura miang,mangka tembong karongkahan putra putu Pajajaran ... !!!
Saparantos bubaran sinewaka,Nanda ngajenggut,raosna nyeri peurih jeung lara wirang,nya eta dumeh henteu kawidian miang ngayonan musuh,kalah ditimbalan tunggu karaton. Dina pikirna Nanda : " Aing  teh perjurit,nu sumeja bela pati ka nagara. Tapi kacida teuing ku raja,make teu dipercaya, dicacampah dianggap bikang tukang ngotokngowo di karaton, keun rasakeun pamales aing...!".
Peuting-peuting manehna sakancana lolos ti Pajajaran,ngungsi Maolana Yusup di Banten sejana minangsaraya.

Carpon SUPRIATNA

KEUR naon sia Cekroh, ugal-ugil kitu?” ceuk merak bikang ka monyét jalu.
“Geuning sia Kuncung… ieu keur nga­rabut tangkal céngék.” walon monyét.
“Naha dirabut atuh sia mah?” ceuk merak nu ngaran Kuncung téh bari kerung.
“Kabita atuda mani meuhpeuy kieu!” monyét ngajawab bari ugal-ugil teu bisaeun.
“Montong dirabut tangkalna atuh, petikan wé!”
“Wah leukleuk dipetikan mah!”
“Lebar, ih! Petikan wé!” .
“Leukleuk!”
“Lebar étah tangkalna, goréng patut!”
“Leukleuk, torék!” 
“Dasar bagong!” Merak keuheuleun pisan.
“Hébat nya, gagah-perkasa!” Monyét kalah siga nu bungah disebut bagong téh.
“Lain gagah-perkasa, jorok deuleu! Gawé susungkur, kolombéran diuyupan!”   
“Jorok gé jago, bagong mah, Si Tumang gé kamari nepi ka gagaikan digadil!”
“Petikan, petikan! Terus huap-huapkeun! Montong dirabut tangkalna! Rék digubug ka mana atuh barina gé, mani jeung tangkal-tangkalna!”
“Rék disingkurkeun di ditu tuh,di puncer caringin, ngarah jongjon ngahénggoyna”
“Lebar kembangna, siah! Téangeun isuk-pagéto!” Merak keukeuh ngahuit.
“Wah ngurus teuing isuk-pagéto! Ayeuna wé heula! Isuk pagéto mah kumaha isuk-pagéto wé. Ka lieur-lieur dipikiran ti ayeuna!” Monyét neugtreug.
“Dasar ajag sia mah!” Merak jéngkél.
“Kesit, nya! Kelenci linghas gé sagabrug-sagabrug ku ajag mah!” Monyét beukah irung, dipoyok siga ajag téh.
“Lain kesit… hawek! Asal seubeuh sorangan!” ceuk merak.
“Na kudu miseubeuhan saha ari hirup?” Monyét malik-malikkeun.
“Pék teuing sia sorangan nepi ka bentét ogé, tapi sing inget ka batur atuh! Dirabut jeung tangkalna mah meureun batur moal kabagéan!” ceuk Merak.
“Ngurus teuing kadut batur! Sakadutna-sakadutna wé!” Monyét merekedeweng.
“Dasar oray!” Merak moyok.
“Alus, awét ngora, nya! Bisa megar, kulitna limit waé, teu kenyod-kenyod!”
“Gedé kadut, kacemekan, sagala dilegleg! Dibélaan nepi ka ngabungkiang hésé usik-usik acan geuning! Lain awét ngora-awét ngora, siah!” ceuk Merak.
“Alus sagala dilegleg gé! Cokleg, cokleg, ti batan ku batur mantén!”
“Heueuh da sia mah mani ulah batur! Naon hakaneun aing jeung anak-incu jaga, ari céngék dirabutan jeung tangkal-tangkalna mah ku bangsa sia!” ceuk Merak.
“Tuh geuning kanyahoan! Lantaran sia gé butuh, sawan-geureuh waé ka batur téh, ancun!”
“Teu kudu ngancunan! Da aing gé moal mungkir, mémang butuh aing gé saanak-incu! Ngan bangsa aing mah ukur papacok saperluna,tara diruksak jeung pawit-pawitna!”
“Geus lah, jempé, Kuncung! Yeuh hayang mah ku aing dibéré tilu siki, hé’ yeuh!”
“Teu hayang pépérét! Becus kénéh, barangsiar sorangan gé!” Ceuk Merak.
“Kilangkitu! Henjig atuh barangsiar, becus mah! Lain kalah ngagonggorokan batur!” ceuk monyét bari hayoh wé dederegeng hayang nyabut tangkal céngék. Teu kaduga­eun, da puguh héngkér manéhna mah.
“Eudeuk deuleu,  teu kudu dititah ku sia!”  
“Nam-nam atuh, lain kalah ngecebrek, gandéng!”
“Arék! Ngan éta atuh tangkal céngék tong dirabut…tuh geuning, saremplak wéh dahanna! Ambuing, lapur atuh…moal aya jangeun isuk!” Merak wahwar-wéhwér.
Tapi monyét mah hayoh wé ugal-ugil, teu pisan miduli kanu garosingsat.
“Hayang dibintih sia téh ku aing, Cekroh? Dibocosan siah tah panon téh!”
“Heuydeuh…ngancam ti dituna mah, nyah?” Monyét kalah ngeyéhkeun.
“Nyaan sia téh hayang dibintih!” ceuk Merak bari kokoér.
“Wani kitu ka aing?”
“Pira kunyuk!”
“Sok wani mah! Sakali ngagorowok gé aing, nguru­nyung geura Bah Mandahong, ludeung sia nyanghareupan Bah Mandahong?”
“Bah Mandahong…?” Merak culang-cileung. Haténa hemar-hemir. Wani sotéh ka Si Cekroh, ari kudu ngayonan rajana mah, karareueung teuing.
“Sieun nyah, ku raja aing mah!” Monyét ngeyéh.
“Naha bakal béla kitu, Bah Mandahong ka kunyuk regung pantar sia?”  
“Aing téh kameumeutna, deuleu! Saha marukan nu sok nyiaran jeung nganteuran tuangeunana, pan nu kieu patut!” Monyét nepak dada.
“Dasar anjing!” Merak moyok.
“Naha maké anjing?” ceuk monyét bari haré-haré dipoyok anjing téh.
“Tukang lélétak! Tukang kupat-képot! Tukang lundat-léndot!” Si Kuncung ngésék-ngésékkeun.
“Kuma sia wé ah!” témbal monyét daék hanteu-hanteu.
“Da sia mah tara asup omong!” ceuk Si Kuncung ambek kapegung.
“Moal matak seubeuh, omong mah. Mending gé ieu yeuh, tangkal céngék…heup! heueueup…! Duh, na pageuh-pageuh teuing ieu téh! Meulit kana batu kitu akarna, Kuncung?”
“Nyao!” merak ngabalieur miceun beungeut.
“Bantuan sok!” ceuk monyét.
“Najis!”
“Sok-sok!”
“Sangeuk!”
“Sok-sok lah, da geulis!”
“Japilus!” Merak dus-dis.
“Hengén bantuan….ke diburuhan céngék sarawu!”
“Dasar peucang!” merak moyok.
“Pinter? Réa akal?” Monyét atoh.
“Pangoloan! Panipuan!”
“Kudu kitu hirup mah, teu kitu mah moal meunang gégéleun!”
“Lain gégéleun, caplukeun!”.
“Heu-euh lah! Sok-sok bantuan, engké dikawin!” monyét kalah ngoconan
“Rujit! Amit-amit! Teu sudi abrig-abrigan, ngimpi gé diangir-mandi aing mah!”
“Tong api-api lah Yayang! Na teu hayang dipang­nyieun­keun sayang ku Aa!”
“Aa…?” Kecrot merak nyiduh, ti tukang-ti hareup.
“Beu, ambeu…mani kitu Si Geulis! Na teu palay dipangdamel­keun sayang?”
“Buaya!” Merak moyok.
“Mana kugu bogoh! Buhaya gagah kitu! Si Geulis engké jadi praméswarina!” Monyét nyengir bari nguget-nguget tangkal céngék nu pasiksak, daunna murudul kaparol.
“Buru-buru lah bantuan, Kuncung!” ceuk monyét deui.
“Teu sudi! Pék wé becus mah ku sorangan!” walon merak.
“Nyaéta, teu teu kaduga ku sorangan mah.”
“Keuyeup apu, tayoh ka regungna!” Merak moyok.
“Lain keuyeup apu, béak tanaga atuda ti isuk-isuk ugil-ugilan!”
“Mun ngagugu mah ka aing, titadi gé geus kapupu deui céngékna. Lain kawas ayeuna, tangkalna ruksak, daunna murudul, kembangna marurag, céngékna teu kaala!” Merak perténgtang-néngtéréwélang.
“Heueuh nya….” Monyét ngajimprék bakat ku capé. Tapi teu keudeu bari ngahuap-huapkeun céngék nu pabalatak dina taneuh.
“Hawek atuda sia mah! Jelema wé badis!”  ceuk merak. Kakeuheulna geus teu kaampeuh, nénjo tangkal céngék jadi ruksak kitu.
“Naon?” Monyét ngagurubug siga nu kasundut buntut. Ceulina asa disebit.
“Jelema sia mah!” Merak mindo.
“Sakali deui siah ngomong kitu!” monyét napsu pisan disebut siga jelema téh.
“Jelema! Jelema! Jelema!” Merak ngahajakeun. Rumasa, tadi téh rada kalepasan nyebut jelema ka monyét, bakat ku teu kuat nahan kakeuheul. Tapi apa boléh buat da ciduh mah teu bisa dilétak deui. Tarung, tarung, rék diayonan wé, kagok borontok-kapalang belang, ceuk pikirna.
“Na kabina-bina teuing sia ngahina téh! Nepi ka ngajelema-jelema ka aing!” Monyét cengkat bari cekrah-cekroh.
“Da heueuh sia mah boga kalakuan téh siga jelema!” ceuk merak bari tatan-tatan, bisi monyét narajang.
“Naha kumaha kitu aing téh?”
“Pikiran wé ku sia!”
“Lain nitah mikir ka batur! Sia kudu tanggungjawab kana omongan sorangan!”
“Tuh da sia mah persis jelema, teu gableg pikiran! Ingkar tina kasatoan!”
“Terangkeun siah, goblog! Lebah naon aing saruana jeung jelema!”
“Hawek! Hayang seubeuh sorangan! Teu puas ngala buahna, dirabut jeung tangkalna, teu ngitung pikahareup­eun! Lain jelema, ari nu kitu laku?” ceuk Merak.
“Kaleuleuwihi siah, pira tangkal sasiki nepi ka kolu ma­pan­dé­keun aing ka jelema! Mun kitu aing téh ngabukbak leuweung!”
“Mun diantep mah sia gé bakal kitu!” ceuk merak.
“Kitu kumaha?”
“Bakal beuki siga jelema! Leuweung dibukbak, situ diurug, gunung dikali nepi ka ngalombang!” ceuk merak.
“Sagélo-gélona aing, moal nepi ka kitu, deuleu!”
“Wah, tanawuruh! Da jelema gé baréto-baréto mah tara kitu! Ngan sanggeus dimimitian bari taya nu ngahukum, beuki lila beuki nirca! Bangsa sia gé kana kitu teu digeureuh-geureuh ti ayeuna mah!” ceuk merak. Haténa beuki gilig rék ngabélaan sarakan tempat incu-buyutna jaga kumelendang.
Lantaran kapépéd omongan, sebrut wéh monyét narajang. Maksudna rék ngerewes beuheung merak.
Orokaya merak gé teu cicingeun, gancang ngagiwar dina jurus merak ngibing. Plos…monyét nubruk angin! Solontod awakna milepas, geplak bujurna diképrét ku jangjang merak dina jurus ngirab jangjang. Atuh puguh wé awak monyét téh siga nu ditotogkeun, sirahna melesat rék notog batu gedé nu aya di dinya!
Untung monyét teu kasima, leungeunna ngarawél areuy nu ngambay lebah dinya, kek…guriwel muntang kana areuy… kalayang awakna ngalayang dina jurus ayun-ambing. Salamet, batu ngagilisir sajeungkal handapeun sukuna!
Monyét terus ayun-ayunan dina areuy, bulak-balik nyamberan merak, leungeunna roronjang. Tapi merak linghas pisan cungcat-cingcetna.
“Turun siah jelema, ari enya wani mah!” Merak cocorowokan, “Sor kadieu, montong gugurayangan kitu, sirkeus-sirkeus lain sia téh!”
Clé monyét nincak deui taneuh. Péyékéh leumpang ngadeukeutan merak.
Gapruk merak ngabintih, monyét nyéréwét, tarangna bared kagaris ku kuku merak Untung tadi monyét rada ngelok, mun henteu, aya bahan bocos panonna katiruk. Merak ogé teu kalis, bulu dadana ngabrul kajenggut ku leungeun monyét.
Der deui galungan, silihteumbrag, silihcakar, musuh lawan pada kesit.
Haté duanana geus gilig pikeun ajur-tutumpuran.
Merak ngabélaan hirup-hurip anak incu jaga, monyét ngabélaan harga diri. Manéhna bisa kénéh sabar disebur bagong, disebut buhaya, disebut oray, disebut ajag, tapi ari disebut jelema mah teu suka tujuh-turunan. Haténa kasigeung dipapandékeun jeung mahluk nu pangaruksak­na di alam dunya. Manéhna katut bangsana geus ngalaman nyeri-peurih, pait-peuheur, jeung lara-balangsakna hirup, akibat panggawé manusa.  
Kangaranan nu tarung, rék kadéséh-rék ngadéséh, bocok mah moal henteu itu-ieu gé.  Nyakitu merak jeung monyét gé, padaragét, padabaréd, padabocok. Mun terus mah teu mustahil kajadian awor, duanana pada-pada tatu parna, malahan misan pisan.
Untung kaburu jol maung.
“Héy! Geus, geus! Misah, misah! Pék, saha nu teu ngagugu, ku aing dikerekebna!” pokna bari nyeureudeug ka tengah pakalangan. Gerem, gerem, ngabarkeun sima-maungna.
Puguh wé duanana gé sieun ku raja saréréa mah. Gancang malundur.
“Naon pasalna ieu téh, nepi ka galungan kieu? Caritakeun ku saurang, ku sia Kuncung! Awas, kudu sajalantrahna! Mun dirékayasa, dipaké cuci-mulut sia ku aing!”
Barabat ku merak dicaritakeun ti awal nepi ka ahir. Ditékték taya nu kaliwat.
Maung unggut-unggutan, terus nanya ka monyét, “Bener sakur caritaan Si Kuncung téh, Cekroh?”
“Leres!” ceuk monyét.
“Rumasa sia ngarabut tangkal céngék?”
“Da teu acan brét……!”
“Acan sotéh teu becus! Cacak becus mah geus bret, nya!” Maung nyengor.
“Rumaos.” Monyét nyengir.
“Montong cengar-cengir, da teu kasép sia téh! Ari sia Kuncung, naha atuh mana sadaék-daék teuing nyarékan téh, nepi ka téga ngajelema-jelema ka papada sato?”
“Sadaya-daya, kalepasan, bawaning ku keuheul,nun!” walon merak mamandapan.
“Geus, sakali ieu saria moal dihukum ku aing. Tapi kudu jangji moal sakali-kali deui karitu laku.” Ceuk maung bari mencrong seukeut kanu tas diadu, “Sia Cekroh, montong sok rubat-rabut kana tatangkalan, pan éta téh tempat hirup umat héwan! Sia Kuncung, cing diajar ulah goréng sungut teuing. Sakumaha keuheulna gé ka batur téh ulah nepi ka ngajelema-jelema. Sabab saha pisatoeunana nu teu nyeri hate disaruakeun jeung jelema, tukang ngaruksak alam-dunya,  ngarti sia?”
“Ngartos!” ceuk duanana mani rampak.
“Putus! Jig rék ka marana ayeuna?” ceuk maung.
“Abdi mah asa tos hoyong ngendog ieu téh, pami teu lepat mah ieu téh nu kadalapan.” Ceuk merak bari purat-pérot muru sayangna.  Saporocoteun, dibawa tarung atuda, uyuhan teu kaborojolan.
Di dinya kari duaan.
“Ari sia, Cekroh, rék ka mana ayeuna?” maung nanya ka monyét.
“Ah abdi mah bade neraskeun metikan céngék wé, lebar” ceuk monyét bari terus dodongkoan mulungan céngék nu balatak dina taneuh. Nu narapel kénéh dina tangkalna dipetikan, Sawaréh dikeupeul, sawaréh dikemil teu lada-ladaeun.
Ari maung terus depa di dinya. Beuteungna seubeuh ku anak uncal kumincir, beubeunangan cikénéh di tegal.

1 comment:

  1. Ieu mangrupikeun kasaksian anu kuring bakal béjakeun ka sadayana pikeun ngupingkeun. abdi parantos nikah salami 4 taun sareng dina taun kalima perkawinan kuring, awéwé sanés ngagaduhan mantra pikeun nyandak pameget kuring jauh ti kuring sareng salaki kuring ngantunkeun kuring sareng murangkalih sareng kami parantos sangsara salami 2 taun dugi ka maksadna tulisan dimana ieu lalaki Dr.Wealthy parantos ngabantosan batur sareng kuring mutuskeun masihan anjeunna nyobian ngabantosan kuring nyandak salaki kuring ka bumi sareng percanten ka kuring kuring ngan ukur ngirim gambar kuring ka anjeunna sareng salaki kuring sareng saatos 48 jam sakumaha anjeunna parantos ngawartosan, kuring ningali mobil nyetir ka jero bumi sareng éta éta salaki kuring sareng anjeunna parantos sumping ka kuring sareng murangkalih sareng éta sababna kuring resep ngajantenkeun anjeun sadayana dina masalah anu sami pikeun pendak sareng lalaki ieu sareng kakasih anjeun balik ka diri anjeun na email: wealthylovespell@gmail.com atanapi anjeun ogé tiasa ngahubungi anjeunna atanapi whatsapp anjeunna dina +2348105150446 Blog ieu: https: //wealthylovespell.blogspot.com ..... hatur nuhun pisan Dr.Wealthy. ...

    ReplyDelete